Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/168

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

166


3.  Reudjeung lamun dipungpang ku aing, inggis matak djadi kumaonam, kabênduan para putren, têrkadang aja tungtung, kana geusan balai diri, lantaran aing mungpang, ka ieu tatamu, sanggeus mikir kitu Turna, têrus bae ngawangsul ka Sang Paramanik, sarta eulis njěbatna.
4.  Hal pěrkawis eulis aja galih, hojong kana didaměl di paman, makaja ngurus tatanen, paman teh anu estu, rebu nuhun ka kěrsa eulis, sumêdja nampi pisan, kahojong sakitu, kêrsa rurumpaheun manah, kana damêl buburuhun bangsa laip, di tempat pagunungan.
5.  Ajeuna mah mangga atuh linggih, ka rorompok urang rěrěmpagan, sarêng sugan hojong ngarot, gantjangna nu ditjatur, njumanggakeun Dewi Pramanik, sarêng Ratna Suminar, Mandra hanteu kantun, ka puntjak gunung djalêngkar, Turna -Turni leumpangna heulaeun Putri, wantuning tuduh djalan.
6.  Katjaturkeun harita teu lami, kana puntjak gunung geus darongkap, Turna Turni seug beberes, njingkirkeun bětrak-bětruk, eukeur baris linggih praputri, Dewi Pramanik těras, sarêng Ratu Aju, lalinggih di djěro imah, ngan nu tinggal Njai Patih Mandarawati, di tepas dadapangan.
7.  Ratu Putri djeung Dewi Pramanik, barang sup teh kana djêro imah, maranahna langkung kaget, ngaharulêng teu njaur, tina margi langkung utami, dina djěro imahna, parabot aralus, têngah imah dilampudan, ku beberan pramedani rupi-rupi, estuning matak heran.
8.  Djeung parabot papaes teu sêpi,crak-crak pigura djeung. katja, lomari kênap djeung kapstok, di lawang enggon sěkung, djadi heran manah praputri, margi ku hanteu njana, tjatjakan di gunung, sarta djauh ka nagara, kaajaan parabot di djuru tani, pêdaran ti nagara.
9.  Turni tatjan majunan ka Putri, da di dapur keur ribut popolah, baris tuangeun praputren, njanga-njanga djeung njangu, meuntjit hajam anak si Kutrik, harita geus sadia, tuangeun tatamu, běrěsih sarta alusna, Putri kaget kaolahanana Turni, karadjinan nagara.
10.  Saenggeusna harita teu lami, dimanggakeun ku Turni djeung Turna, gantjang sami tuang bae, Turna Turni teu kantun, ngiring dahar ka para Putri ngan Mandra nu sorangan, teu milu ngariung, sorangan tjatjaleuhakan, dahar ponjo kedjona oge sasaid, angeun sadjadjambaran.
11.  Sabadana taruang praputri, ladjêng lungsur nariis di těpas, dina bantal tinggelehe, Turna Turni teu kantun, darariuk pajuneun Putri, djeung teu pětot naringal, ka eta tatamu, rêsêp ku sami geulisna, ari nudju naringal ka Mandrawati, Nji Turni djeung Ki Turna.
12.  Tingpurungkut rada hate gimir, hanteu wani hate ngadeukeutan, pikirna sieun disantok, tina sabab saumur, nëmbe manggih nu kitu rupi.