Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/169

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

167

pangaděg lir badawang, huntu lir baliung, Dewi Pramanik harita, hanteu pěgat heran ka Turna ka Turni, ku kaajaanana.
13. Panasaran Sang Dewi Pramanik, hojong pisan mariksa asalna, ka eta djuru tatanen, teu ladjěng njaur, Sang Pramanik ka Turna Turni, eh bibi sarěng paman kula aja maksud, rek nanja nu saenyana ari paman ti mana asa tadi,mun nagri nagri mana.
14. Tjobi kula bedjaan nu sidik, ulah pisan didjieun rasiah, disidém di djěro hate, da pikir kula estu, ka paman teh sarěng ka bibi, katingal beda pisan, lain tědak gunung, dina sagala pěrkara, kawas-kawas paman asal urang nagri, rupa djeung kaajaan.
15. Tina sabab eta mugi-mugi, paman bibi ulah asa-asa, njarita asal pribados, ku kula rek didangu, barang Turna reudjeung Nji Turni, nampi pamariksaan, ngahuleng tarungkul, djeung ngomong djěro atina, aeh-aeh naha ieu istri-istri, ka aing ngalelekan.
16. Kawas anu uninga ka aing, laku lampah asal kieu pēta, mangkalan kana tatanen, tapi aing pěrělu, njaritakeun lampah nja diri, sugan djadi lantaran, geusaning tiněmu, waluja makbul nja maksad, hanteu lila sanggeus ngomong dina ati, Ki Turna ngawangsulan.
17. Pěrèkawis eulis aja galih, hojong těrang asal diri paman, mangga paman rek njarios, awit paman nu estu, jaktos asal urang nagari, dupi ngaran dajeuhna, mashur Sulungtubu, dupi nu djadi Ratuna, Kangdjěng Radja Sri Maha Langlangsonadji, lantjeuk paman sabapa.
18. Papatihna nja paman pribadi, paman ngaran Arja Langlangturna, dupi marga ngalalakon, aja di ieu gunung, lalampahan migawe tani, kieu asalna paman, pang ti nagri njingkur, asalna Sang Langlangsona, kagunganeun putra dua ti meswari, pagěgět nu tjikalna.
19. Nu pameget Den Mas Raraspedi, sarta enggeus kagungan geureuha, ka putri Sang Maha Katong, ngaran Dewi Mindanur, putri Ratu Banuja nagri, ari putra bungsuna, istri sarta mulus, orok juswa dua bulan, leungit musna tina pagulingan putri, duka ka mana losna.
20. Ratu langkung saleungitna putri, nandang manah nu leuwih terěsna, lungse bawaning prihatos, ku leungit teu pupuguh, lain leungit asal ku pati, dumugi ka harita, Ratu njaur nudjum, rěsi nu těrus paningal, ngaran Rěsi Muhamad Komar Tohidi, patapan Ragatoja.
21. Eta Resi piundjuk ka Gusti, pang leungitna aja anu mawa, bangsa djin nu njolongna teh, tatapina ka pajun, eta putri kapěndak deui, ngan kudu djeung tarekah, saur eta nudjum, Ratu kedah miwarangan, mantri anu kasěbat utami, aja pangawasana.
22. Didawuhan djadi djuru tani, dina hidji těmpat pagunungan.