Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/170

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

160

kalingkung ku leuweung ganggong, ngaran gunung Sirkawur, eta kitu piundjuk Rěsi, ka Sri Maha Nalendra, paman seug piundjuk, montong miwarang nu lian, paman bae panuhun ka Kangdjěng Gusti, nu bade indit měgat.
23. Diidinan paman ku Djěng Gusti, sarta těras paman djeung embina, ngadjugdjug ka dieu bae, duaan taja batur, těrus mukim djadi djru tani, nja dongkap ka ajeuna, paman hěnteu wangsul, nu kaetang kalamian, tudjuh bělas tahun “mo kurang “mo leuwih, di dieu nja ngumbara.
24. Sang Pramanik langkung kaget galih, ngadangukeun tjariosan Turna, estu leuwih tina aneh, ngan njaur lěbět kalbu, ěmh paingan rasaning ati, njagka ka jeu djalma, lain bangsa kampung, ajeuna geus kabuktian, sihoreng teh kawasa papatih nagri, Aria Langlangturna.
25. Eta kitu manahna Pramanik, hěnteu pisan sasauran lisan, ngan wungkul ngahulěng bae, Sang Putri djin nja kitu, sami sarěng Dewi Pramanik, nandangan kaget manah, hanteu lami njaur, Ratnta Suminar ka Turna, naha saha ngaranna anu sajakti, putri nu leungit tea.
26. Langlangturna ngawangsul ka Putri, nu kaemut ku paman ngaranna, Ratna Suminar sajaktos, eta kenging Sang Ratu, papariksa ti para rěsi, mupakat hal djěněngan, supados rahaju, tatapi kitu buktina, batan mulus rahaju bět anggur leungit, musna ti padjuaran.
27. Sang Putri djin ngadangukéun warti, jen kakasih anu leungit tea, tjara andjeunna sajaktos, nambahan heran kalbu, sarta langkung Sang Ratu Putri, sumiak paromanna, ngahulěng teu njaur, sarta ngěpěr salirana, Sang Pramanik manahna nja kitu deui, tjara Ratna Suminar.
28. Tungtungna mah Sang Dewi Pramanik, sarěng rai Sang Ratna Suminar, teu petet papělong-pělong, sartana ararimut, tina leuwih nja sisip galih, ku djalan eta pasal, aneh matak, bingung, kawas rek aja ahirna, hanteu lami Dewi Pramanik ngalahir, ka Sang Ratna Suminar.
29. Ieu pasal matak heran leuwih, sarta matak njulajakeun rasa, tina kalintang ku aneh, ngan atjeuk langkung-langkung, panasaran djěroning ati, kumaha balukarna, anu matak kitu, ngawangsul Ratna Suminar, rai oge langkung kukurajeun diri, dumugi sisiakan.
30.Malah djadi panasaran ati, hajang geura těrang balukarna, emutan tinangtos aneh, ku margi eta kitu, waktos ieù paněda rai, upami karěmpagan, sědja rai ngutus, ka bibi Aria Mandra, sina mios ngala paman Mantri Ginggi, di těgal pasanggrahan.
31. Sarěng bibi Patih Mandrawati, kědah pisan sina mawa sěrat, ka Sang Raraspedi Katong, supados djadi maphum, Raraspedi měnggah ka rai, jen di dieu nja aja, Pramanik ngawangsul, atjeuk sakalintang.