Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/171

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

169

rěmpag, aming kědah enggal-enggal ulah lami, supados gantjang dongkap.
32. Saparantos Pramanik ngalahir, Ratu Putri ka Turna ngandika, tjoba paman sugan njondong, kěrětas urut-urut, djeung mangsina kula rek nulis, baris ka Sang, Banuja, Ki Turna ngawangsul měnggah parabot njěrat mah, aja hibar di paman rada sajagi, da bantun ti nagara.
33. Gantjangna teh ieu nu digurit, téras bae Ratu Putri njěrat, baris Raraspedi Katong, ari sanggeusna tutup, Putri njaùr ka Mandrawati, bibi Patih ajeuna, leupang buru-buru, kudu mawa ieu surat, baris Ratu Banuja Sang Raraspedi, anu keur masanggrahan.
34. Dina těgal sarta aja tjiri, hidji kai ngaran Langlangsona, rupa-rupa daunna teh, luhur tur ngarunggunuk, pěrěnahna mo geseh deui, ti dieu ngaler-ngetan, nu kudu didjugdjug, pek ajeuna geuwat-geuwat, didungakeun ku kula masing walagri, anggang djeung pantja baja.
35. Mandrawati njumanggakeun gasik, nampi serat ti Ratna Suminar, teu lami ngabigbrig bae, sartana těrus ngapung, kěndor sabab aběr ku angin, Turni djeung Langlangturna, rěsěpeun kalangkung, ningal buta ngawang-ngawang, njararebut ilih siga balon badis, ngagigeug dina mega.
36. Mandra enggeus hěnteu katingali, tuluj bae Nji Turni djeung Turna, njělang arasup ka pawon, arek ngadon tjatjatur, tjeuk ki Turna eh tjoba Turni, ieu praputri dua, asa kakang tangtu, moal kana samanea, turug-turug tadi njěbat Raraspedi, djeung Raden Gendarata.
37. Sabab eta kudu pisan Turni, hade-hade sarta sing utama, ngahadépan para putren, tina sabab tinangtu, ieu istri moal sak deui, kana aja balukar, geusaning tiněmu, kana těrbuka laksana, nu dipěrih ku tekad urang pribadi, kurnia kawalujan.

Pangkur

1. Pramanik Ratna Suminar, di Sirkawur lamina tudjuh wěngi, ku Turna-Turni diugung, sarta teu meunang anggang, djeung ditjaram lungsur ngalantung teu puguh, salian angkat ka djamban, kitu ge diiring-iring.
2. Gantjangna ieu tjarita, tunda heula praputri nu keur linggih, di puntjak gunung Sirkawur, malik deui tjarita, katjaturkeun nu aja di Sulungtubu, Sri Maha Ratu Banuja, sinarěng wadya pradjurit.
3. Kitu, deui Arja Kumba, masih keneh teu bisa usik-malik, djadi