Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/178

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

176

rasiah, tjing kula menta nu sidik, tjarita nu djadi sabab, kareuwasan paman Mantri.

9. Ulah dikandung dikěmu, tegesna dipinding-pinding, ka kula sing těrus těrang, lamun paman baha pasti, kula moal ngahampura, ka diri paman pribadi.

10. Sanadjan bela tumutur, ngadjaring milampah ngiring, bumela taja tjetjega, paman ka kula pribadi, moal didjieun halangan, něrapkeun hukuman pati.

11. Da meureun paman ge maphum, di adat kula pribadi, sakětjap kadua gobang, taja panolih pamilih, ka djalma nu lampah salah, nadjan ka bangsa Bopati.

12. Tina sabab eta kitu, ku paman pikir sing lantip, mun hanteu daek tjarita, tangtu paman njorang pati, asal panghukuman kula, lamun keukeuh paman mungkir.

13. Mantri Ginggi langkung-langkung, bingung sadjěroning ati, nampi lahiran Sang Ratna, ngomong sadjroning ati, eh aing tiwas katjida, kabuka rasiah tadi.

14. Aing teh kumaha atuh, malar salamět nja diri, hanteu njorang pantjabaja, balahi nu leuwih-leuwih, hukuman Sang Putri Ratna, ku lantaran aing mungkir.

15. Sanggeus Mantri mikir kitu, ngawangsul ka Ratu Putri, djeung tungkul teu wěrat tanggah, bawaning ku sieun leuwih, ku tandang Ratna Suminar, risi djol djěbet nampiling.

16. Pokna Mantri Ginggi aduh, gamparan ratuning putri, djisim abdi nampi pisan, dawuhan hojong tingali, kana anu djadi marga, měnggah diri djisim abdi.

17: Ngagidir sarěng rumandjug, nguping dongeng djuru tani, dupi nu djadi margina, karaos ku djisim abdi, kabuka pasal rasiah, nu asal dibuni-buni.

18. Ajeuna djadi katěmbus, mo kenging dipinding-pinding, mung sim abdi panuhunan, laksa-kěti mugi-mugi, gamparan djěmbar kawělas, ka diri abdi pribadi.

19. Hanteu djadi galih běndu, agung-agung pangaksami, ku margi kieu awitna, nalika kapěngkěr Gusti, Sri Maha Tolongtělengan, rama gamparan sajakti.

20. Nudju kasumpingan wahju, ngimpen dina hidji wěngi, patěpang sarěng ejangna, Sang Sri Maha Barakgiri, dina salěbět impenan, wawarti ka Kangdjěng Gusti.

21. Saurna ejang mitutur, supaja djadi kaharti, mangkena Tolong-