Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/179

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

177

tělěngan, djeung sakabeh rat nagri djin, bakal kataradjang sangar, baruntak ruksak nagari.

22. Sarta tangtu lampus tumpur, moal aja anu kari, sakur bangsa kadjinan mah, ku panas nu leuwih-leuwih, moal beunang ditambaan, sanadjan ku bangsa rěsi.

23. Tapi lamun hajang mulus, teu tulus njorang balahi, sangar panas hanteu kěbat, aja panulakna deui, kudu njiar masing meunang, putri terahing narpati.

24. Bangsa kamanusan istu, kukut sarta pusti-pusti, ugung mongmong djieun anak, supaja mangke di ahir, sangar panas hanteu kěbat, ku pitulung ngukut putri.

25. Sakitu impenan Ratu, siangna těras ngalahir, ka Patih Lungabarahma, malah diembarkeun deui, ka sadaja pradipatya, sabawahan Kangdjěng Gusti.

26. Nimbalan saha nu sanggup, neangan putri narpati, bangsa těrahing manusa, sarta dikědahkeun kenging, lamun aja anu bisa, tangtu digandjar ku Gusti.

27. Sadaja piundjuk sanggup, kana dawuhan Sang Adji, teu lami sami ubiag, bopati patih pramantri, ka dunja těmpat manusa, pada tekad kana maling.

28. Lamina něngahan taun, sadajana sararumping, ti dunja kamanusaan, sami rěpotan teu kenging, samalah Lungabarahma, milari indit pribadi.

29. Amung lapur hanteu nimu, putri těrahing narpati, sumpingna dugi ditjikrak, Ratu wuwuh ewěd galih, tina hanteu katjaosan, dugi ngujung siang-wěngi.

30. Sarta tara lungsur-lungsur, Sri Maha Ratu ti puri, bawaning langkung sumpěgna, sarěng harita sim abdi, memeh djadi mantri guha, ngadjagi daměl di puri.

31. Djadi mantri djuru-hawu, kenging gadjih gěněp pitjis, sarěng sore isuk alas, hanteu lami djisim abdi, tina ngupingkeun dawuhan, embaran ti Kangdjěng Gusti.

32. Saha-saha anu sanggup, neangan sartana hasil, njiar putri kamanusan, digandjar ku Kangdjěng Gusti, abdi emutan kabita, kana embaran Sang Adji.

33. Teu lami těras piundjuk, djisim abdi ka Djěng Gusti, sanggěm njiar kamanusan, putri těrahing narpati, Kangdjěng Ratu ngawidian, kana panuhun sim abdi.

34. Barang djisim abdi těrus, mios ti pusěring bumi, gujur sanagri.

Purnama Alam I — 12