Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/180

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

178

Tolongan, njarěbat euleuh barani, djuru lelemet leletak, si purah miritan peudjit.

35. Aromonganana kitu, nu sirik ka djisim abdi, amung teu dipirosea, api-api teu kakuping, nja těras bae lumampah, pikir teu samar teu gimir.

Asmarandana

1. Hanteu lami abdi dugi, kana dunja kamanusan, ngalanglang dina lolowong, mung abdi wankid harita, lintang nandangan sěsah, ku aringgis hanteu nimu, putri bangsa kamanusan.

2. Tina abdi tigin ati, dugi dibelaan tapa, puasa teu botjor-botjor, lami-lami dumadakan, ningal ti awang-awang, sidik da teu pati luhur, pěrtela nagara djěmbar.

3. Teras turun djisim abdi, lěbět ka eta nagara, ngadjugdjug karaton bae, amung abdi hanteu těrang, ngaran eta nagara, ku margi abdi saumur, němbe ngambah kamanusan.

4. Abdi asup, ka djro puri, nudju ratuna keur lěnggah, sarěng meswari di gědong, ka sim abdi hanteu ningal, wantu abdi kadjinan, djongdjon bae guněm saur, sarěng sadaja rengrengan.

5. Abdi nangtung ulak-ilik, těras lěbět kana kamar, pagulingan Maha Katong, barang lěbět dumadakan, lantaran bagdja awak, měndak murangkalih lembut, kira juswa tilu bulan.

6. Ditingalan sidik istri, sarta nudju kulěm tibra, dina djěroeun gunalong, didjaga ku para emban, ku abdi hanteu tata, murangkalih seug dirawu, ti hareupeun para emban.

7. Teras dibantun ku abdi, ti puri ka awang-awang, sarěng hanteu liren-liren, ka nagri Tolongtělěngan, teu lami abdi dongkap, ka pajuneun Maha Ratu, di djěro gědong paměngkang.

8. Barang katingal ku Gusti, abdi dongkap babantunan, Ratu langkung gupjakna teh, murangkalih seug ditjandak, sarta ditingalian, malah tjotjog sapamundut, putri bangsa kamanusan.

9. Amung harita Sang Adji, aja manah rada hamham, ka eta murangkalih teh, bilih sanes putra radja, antara sasasih mah, aja ngolembarna kalbu, malah-malah sěring pisan.

10. Ratu njumpahan ka abdi, tina teu pěrtjaja manah, mung lami-lami Sang Katong, tina bawaning ku palaj, uninga saenjana, bisi murangkalih palsu, lain těrahing kusumah.