Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/181

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

179

11.Dumugi ka mudjasmedi, něda ka para Batara mundut těrbukaning raos, sidik lainna-ěnjana, kitu galih Sri Nata, sarta bawaning ku tuhu, Djěng Ratu kenging těrbuka.
12.Soara tan katingali, pokna eh Sang Saksaria, ulah hamham samar hate, eta orok běněr pisan, putri těrah narpatya, Ratu nagri Sulungtubu, Ratna Suminar ngaranna.
13.Sakitu eta panglahir, anu kadangu ku Radja, dina pamělěngan raos, ti dinja mah Sang Sri Nata, ka eta putri tea, tigin ngangkén putra istu, diugung dienod pisan.
14.Dirorok didjaring-djaring, opat puluh emban-emban, nu ngobeng ka Sang Pinturen, mulus dugi ka ageungna, djadi putri kadjinan, mangkon guha Bungbungumur, bandjaran karang panjiksan.
15.Nja ti dinja djisim abdi, raga munggah Kana bagdja, dikěrsakeun djadi kuntjen, Mantri Djurung Padjarangan, digadjih saban bulan, gandjaran ti Kangdjěng Ratu, nja dumugi ka ajeuna.
16.Ratna Suminar ngalahir, ajeuna aja di mana, Putri kukutan ama teh, Mantri Ginggi ngawangsulan, nja gamparan buktina, margi Ratu mah nu istu, hanteu kagunganeun putra.
17.Barang ngadangu Sang Putri, lirik dilak naek darah, ngandika ka Mantri Kuntjen, lah aing kutan kukutan, těrahing kamanusan, turunan nu ngagěm luhung, titisan nu běragama.
18.Ngan aing pikir teu sudi, dipaling didjieun setan, sakaom djeung bangsa onom, děčděmit di sapatala, djadi bangsa silěman, sia anu boga laku, anu njieun kokotoran.
19.Tatapi ajeuna aing, tina bangět hanteu suka, didjieun sipat nu kotor, ku Ratu Tolongtělěngan, aing rek ngahukuman, sina tumpur adjur lěbur, sadjagat sakur kadjinan.
20.Bongan gawe kumawani, lampah ngabokong ngahina, maling aing ti karaton, didjieun sarat panumbal, měgat sangar nagara, dipake tamba pagěbug, tjara kana bangsa hewan.
21.Naha sia teu ti tadi, waktu aing di nagara, sia tjarita kitu teh, jen aing kitu asalna, anak ratu manusa, meuren bareto ge lampus, Ratu nagari kadjinan.
22.Ajeuna ge diri aing, ti dieu rek njělang heula, balik rek ngahukum bae, ka nu ngaran Saksaria, djeung kabeh ponggawana, sabawah bumi ping pitu sapoe mo burung bubar.
23.Mantri Ginggi barang nguping, lahiran Ratna Suminar, morobot bawaning djengkel, Mantri Ginggi langkung reuwas, meh bae njorang sawan, sieun ku Sang Ratu Aju, aringgis djěbet nanganan.