Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/182

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

180

  1.  Ngagidir bawaning gimir, tungkul hanteu ngawangsulan, tjara nu ngadjublěg bae, pajuneun Ratna Suminar, biritna kokoplokan, sarta beser mani ngutjur, ngan hanteu kaborosotan.
  2.  Katjatur Dewi Pramanik, ningal nu keur kapusingan, rai Sang Ratu Pinutren, tumungkul hanteu ngandika, ngan wungkul tjumalimba, hanteu lami těras njaur, ka Ki Mantri Padjarangan.
  3.  Naha atuh bongan teuing, paman mah bět taja tata, milampah maling-salah top, lamun diri kaula mah, nu dipaling ku paman, dibawa ka bumi pitu, didjieun putri narpatya.
  4.  Dipake tumbal nagari, paměgat kana baruntak, ngadjatnika di kuputren, diugung sarta dihormat, didjieun sipat djimat, ngaratuan Bungbungumur, di bandjar karang panjiksan.
  5.  Tangtu moal kieu diri, luluntaan njaksrak alas, leumpang ripuh ampir mopo, hanteu bisa gagantjangan, da puguh nintjak lěmah, tina hanteu bisa ngapung, djalan kana djumantara.
  6.  Kula bagdja mun dipaling, tinangtu djadi santosa, loba elmuning kasakten, kawantu djadi kadjinan, sok unggul ti manusa, sabab boga sipat lembut, lain raraganing kasar.
  7.  Kadua pěrkara deui, lamun kula dipaling mah, tangtu bae bisa amprok, reudjeung Pangeran Pinutra, anu keur djadi artja, meureun kula bisa nulung, nambakeun ka kamanusan.
  8.  Katilu pěrkara deui, Sang Sri Maha Saksaria, moal sagawajah bae, pangna nimbalan ka paman, maling těrah manusa, kukutan keur putra pulung, maunat Purnama Alam.
  9.  Jen bakal manggih balai, linggih dina padjarangan, djadi artja kadjadjaden, moal aja anu bisa, nulung ka Sang Pinutra, mun hanteu ku nu kadujung, kukutan Sang Saksaria.
  10.  Ngan ajeuna kula leuwih, boga pikir djadi naha, mun Sang Saksaria Katong, hanteu ngukut kamanusan, anu bakal melaan, kadangkala těrus lampus, Sang Putra di padjarangan.
  11.  Tangtu kula moal manggih, bedja ajana Sang Putra, da puguh taja nu njaho, mungguh bangsa manusa mah, nagri Tolongtělěngan, ajeuna aja pitulung, sidik ajana Sang Putra.
  12.  Kula nuhun laksa kěti, kana pitulunganana, Maha Saksaria katong, ku asal aja kěrsana, ngukut putra manusa, nu bakal ngaběndung ewuh, panulak kana baruntak.
  13.  Meureun ku paman kapikir, geuning buktina ajeuna, di djěro bandjar guha teh, kataradjang sangar panas, nu taja papadana, anak-anak kana tumpur, nagara Tolongtělěngan.