Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/183

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

181

37. Hadena pintêr nu gaib, njadjakeun heula tumbal, samemeh datang sangar teh, djeung bisa milih-milihna, nu sarua pantarna, malar mulus nurub tjupu, djeung nu dina padjarangan.

Sinom

1. Sang Adjêng Ratna Suminar, ngadangu lahir Sang Dewi, kitu sasauranana, ka eta Ki Mantri Ginggi, ku Sang Ratu Putri Djin, kadjudi lêbêting kalbu, jen silib ka andjeunna, jen ku rusuh teuing pusing, njalah-njalah ka Radja Tolongtělengan.
2. Waka bidjil saur kasar, nu hanteu reudjeung pamilih, ngalêmêsan sipating hak, wintjikan djalan walagri, harita geus kadjudi, ku galih Sang Ratu Aju, sarta teu kira-kira, sumiak paroman Putri, leuleus lungse njuuh pajuneun rakana.
3. Nangis sartana sasambat, duh atjeuk djungdjunan ati, rai darma kirang tata, sêpi harti tanpa nolih, kana sipat pamilih, kalêbuh ku rusuh napsu, nu ngênjang kana murka, rantjana rêrêgêd ati, anu mêgat raratan kasalamêtan.
4. Rai tinimbang kieu mah, leuwih rai nandang pati, mangga ku atjeuk têlasan, supados rai lastari, njingkir ti alam lahir, tjape teuing ngurus napsu, teu kawawa ku hawa, rarambu rêrêmbêt ati, anu narik sulaja sipat satia.
5. Imut Pramanik ngandika, eh aji tong kitu galih, bêt ngumbar kana subaha, manah leuwih nadah pati, hanteu sae teh teuing, lamun kitu wuwuh-wuwuh, taja kaluginaan, hanteu tigin kana pasti, rek njoreang kana sakawenang-wěnang.
6. Aji teh lamun kitu mah, langkung tina galih tadi, tekad tega kana raga, naha aji hanteu eling, kana basa kiwari, anu sarupaning kitu, sabar sakaba-kaba, lain panarik sadjati, mati iblis lain djalan kasampurnan.
7. Ngan ajeuna aji muga, ulah kana deui-deui, ngadjudjur hawa teu paja, pěrtiti hanteu raspati, bisi pinanggih ahir, balukar ngandung kaduhung, leuheung lamun lugina, kumaha mun teu walagri, tangtu djadi kasawat lêbêting manah.
8. Moal langgêng lenggang rasa, djadi burět kurunjinji, sapandjang di pawênangan, sabab tara ngangon angin, angin hawa pribadi, anu djuru mawur tjatur, tukang liar pangudjar, sêpi pěrtingkah nu titih, da