Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/184

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

182

kasembor ku pikir teu djeung panalar.

9. Ratna Suminar kalintang, wuwuh nandangan kaisin, nampi piwurukna raka, tungkul mando teu ngalahir amung Dewi Pramanik, těras deui bae njaur, ka rai Adjěng Ratna, ajeuna mah aji mugi, ulah aja bingbang rempan mamanahan.

10. Da puguh ěnggeus pěrtela, lalakon wiwitan aji, balukar urang sabangsa, malah boa-boa teuing, atjeuk sarěngan aji, kadangkala sakaruhun, ngan ajeuna pamuga, paman Turna bibi Turni, urang adjak barěmbag ieu pěrkara.

11. Teu lami Ratna Suminar, ngawangsul ka Sang Pramanik, bari nangis tjumalimba, aduh atjeuk měnggah rai, wangkid ieu nu jakti, mung njuhunkeun lědjar kalbu, agěng-agěng kawělas, maksad rai bade wakil, mangga bae atjeuk nu kědah wawarta.

12. Rai pěrmios sakědap, marga rai sisip budi, rumaos sasar pangrasa, himěng liwung suda budi, duka nu djadi margi, bět rai nandang mangpaung, raos di pangimpian, ajeuna manawi idin, maksad ngilěng ngala atji anu sětya.

13. Dewi Pramanik ngandika, ka rai Sang Aju Putri, mangga atjeuk ngawakilan, ngadjalankeun maksad aji, aji mah linggih-linggih, bilih mědal saur mawur, gělap djadi salah rap, katarik ku ngěrik galih, wantu-wantu djuru tunggaraning manah.

14. Gantjangna Pramanik těras, ka Turna Turni ngalahir, eh paman ajeuna putra, leuwih-leuwih liwung pikir, datang ka rasa ngimpi, margi měndak pasal kitu, ku tina teu njanana, jen ieu salira aji, putra Ratu Sang Sri Maha Langlangsona.

15: Anu diwarta ku paman, leungit tina djěro puri, ajeuna kadaring Allah, nurunkeun. titis djeung tulis, paman bisa papanggih, di puntjak gunung Sirkawur, sarta kasalamětan, putra ngiring bungah ati, kana sihna pitulung Anu Kawasa.

16. Ngan kula aja paněda, mungguh ka paman sajakti, sing tigin djeroning manah, ulah dumugi ngadjadi, leungit manah nu lantip, pukah tata anu kukuh, ku lantaran kabungah, kudu djaring ku kaeling, bisi mawur pikiran ku kasonoan.

17. Ngan ajeuna muga-muga, sing tigin djeroning galih, něněda ka Nu Kawasa, salamět lahir djeung batin, sarta nunuhun deui, kana kadaring Jang Agung, paman bisa laksana, sapaměrih anu tadi, ngantos-ngantos putra Sang Ratna Suminar.

18. Ajeuna jasa patěpang, ngan kari neangan deui, pikir djanglar kana mungkar, reudjeung ririwit nja lahir, pasal ieu pěrkawis, anu eukeur