Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/185

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

183

dipilaku, kaluar ti nagara, beuti geusaning ngadjadi, njata tĕmpat raraga nadah kamuljan.

19. Moal sae salawasna, marunggon di leuweung rumbit, tjara tĕdak bangsa hewan, anu bodo taja budi, ku sabab eta mugi, ihtiar geusan rahaju, kaluar tina bahja, sakitu putra pamĕrdih, malar handjat kana wahju kawalujan.

20. Sarĕng kadua pĕrkara, putra menta bedja sidik, nagri Sulungtubu tea, parĕk atawana tĕbih, kira sabraha wĕngi, ti dieu lamun didjugdjug, Turna seug ngawangsulan, ka Sang Dewi Paramanik, langkung tĕbih mun leumpang nĕngahan bulan.

21. Sarĕng wangkid ajeuna mah, nagri Sulungtubu leungit, sabot ditilar ku paman, saeusina hanteu kari, musna kabawa leungit, duka margi djadi kitu, kantun paman bingungna basa waktu paman tadi, maksad njĕlang ngadeuheusan ka Sang Radja.

22. Dumugi hanteu těpangna, sarĕng salira Sang Adji, da nagrina hanteu aja, dipilari teu kapanggih, dugi satahun leuwih, paman njaksrak leuweung liwung, atuh tina teterna, paman teh nja wangsul deui, kana ieu gunung tĕmpat pangĕbonan.

23. Dugi ka wangkid ajeuna, teu katĕmbus teu katjiri, taja bedja-bedja atjan, paman kantun susah ati, ka mana geusan balik, marga ajeuna geus makbul, laksana nja panĕda, tĕpang sarĕng tuang rai, enja ieu Sang Adjĕng Ratna Suminar.

24. Paman teh kantun bungahna, estu anu taja tanding, lumĕbĕt kana babasan, kĕbèk sabuana lahir, mĕnggah ku bungah ati, amung teu wantun ngarangkul, tawis dikasonoan, kapěgat ku saur tadi, bok tekadna sulaja sarĕng manusa.

25. Sarĕng paman gaduh maksad, bade naros ka Sang Putri, adjĕngan teh putra saha, marga paman tatjan sidik, ngawlon Sang Pramanik, mĕnggah putra anu estu, dina waktu ajeuna, gaduh sangka dina ati, putra ama Wiku Kurbah Gurangsarak.

26. Tatapi pangira-ngira, tjeuk ati nu kurang bukti, tjeuk rasa nu tatjan njata, atuh putra tatjan tigin, landěs ngaku nu jakin, umaku sĕpuh ka Wiku, inggis pukah ku salah, risi kasilih ku lain, pendekna mah putra tèh wallohualam.

27. Ajeuna mah mungguh paman, montong pandjang nja miati, raratan terahing putra, engke ge tangtos kapanggih, dina ĕnggeus lastari, pupuhunan putra estu, ti djalma nu uninga, ngan ajeuna paman mugi, ulah kĕndat sumambat kasalametan.

28. Pramanik kitu saurna, ka Turna sarĕng ka Turni, djeung těras