Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/186

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

184

deui ngandika, Pramanik ka Mantri Ginggi, eh paman Mantri mugi, pementa kula nu estu, ulah rek djadi manah, njungkělit pabeulit ati, dumeh bieu meunang seuseulan nu nista.

29. Da paman nu leuwih těrang, adat urang Pusěrbumi, gětapan djeung teu kaopan, babari njaring kapusing, tjara basa kiwari, kaja seuneu kana indjuk, ngadadak sok ngagudag, katitis ku tjai lědis, ana pepes lempes leuleus kaja kapas.

30. Mantri Ginggi ngawangsulan, dawuhan lintang katampi, měnggah sim abdi teu pisan, njungkělit lěběting ati, ku dumeh abdi tadi, nampi panjeuseulan kitu, margi těrang tadina, rai gamparan sajakti, salamina bědang adat murah pasmat.

31. Sinarěng abdi kemutan, margi teu dianggo njèri, panjeuseul rai gamparan, etang-etang djisim abdi, gandjaran kěntel peudjit, tapa dina bulan ngěmpur, barang Ratna Suminar, ngadangu piundjuk Mantri, mesěm lēļeb ngalieus sěmu nu era.

32. Gumuju bari ngandika, hanteu njana paman Mantri, munapek dibawa tapa, dumeh kula tatjan bukti, pasanggupan nu tadi, gandjaran bela tumutur, kula teh moal tjidra, tempo geus datang ka nagri, panarima rek ngunggahkeun kapangkatan.

33. Dewi Pramanik ngandika, ka rai Sang Aju Putri, kade rai bilih tjidra, kawantu atjeuk nu njaksi, jen aji kitu warti, mun tjidra tangtu kasiku, tjanibal nja pangawasa, ngawangsul Sang Aju Putri, mugi bae kang rai pandjang kemutan.

34. Hanteu njorang kahilapan, mung ajeuna mugi-mugi, panuhun rai teh enggal, eta Kumba Aring-aring, ku paman Mantri Ginggi, ajeuna sina dibantun, ka guha Bandjarkarang, ditěrapan hukum pati, sina djadi parab ratjun Padjarangan.

35. Dewi Pramanik ngandika, atjeuk mah ngiringan aji, ajeuna oge sumangga, Sang Putri ngalahir deui, mung rai sěsah ati, tina margina kapungkur, di Padjarangan panas, tangtu paman Mantri Ginggi, moal bisa ngabantun artja Sang Putra.

36. Ku margi eta kumaha, supados teu djadi rugi, Dewi Pramanik ngandika, raos atjeuk nu sajakti, kawasna moal kenging, ku paman Mantri dibantun, eta Sang Radja Putra, ti djěro kamar wěrědjit, tina margi mo bisa njageurkeun panas.

37. Karana lamun masih mah, ieu paman Mantri Ginggi, teu atjan salin agama, kana kaom rukun Nabi, margi eta manawi, sarěng galih aji rěmpug, paman Mantri teh kědah, ku kěrsa aji pepeling, supajana puruneun salin agama.