Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/187

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
185

38. Ngawangsul Ratna Suminar, pěrkawis eta mah gampil, nadjan baha rek dipaksa, mun keukeuh mungkir dipeuntjit, ngalahir Sang Pramanik, bari dibarung gumuju, sihoreng ari adat, nu ngabadju ti leuleutik teu saměnit njangsangna, bangsa piwulang.

39. Ngawangsul Ratna Suminar, djeung imut semu nu isin, kumaha atuh da lepat, rai mah geus bosen deui, ku hanteu euih-euih, napsu teu kenging dilěsu, dipěgat kalah ngědjat, dítjangtjang teu daek tjitjing leupas nobros bidjil djadi ketjap gětas.

40. Dewi Pramanik ngandika, ka rai Sang Ratu Putri, nja ari hanteu kenging mah, kentjarkeun bae sakali, bisi djadi kasakit, djudjur sina katalandjur, sugan aja sudana, geus seubeuh ge balik deui, kana těmpat geusan kasirnaanana.

41. Ajeuna mah mangga kebat, saurkeun ka Mantri Ginggi, jen kědah salin agama, njangking rukun kaom Nabi, hanteu lami Sang Putri, ka Ki Mantri Ginggi njaur, ajeuna paman poma, ulah arek baha ati, masing inget paman ka adat kaula.

42. Diri paman kudu pisan, njangking agamaning Nabi, rukun geusan kasutjian, Mantri Ginggi hanteu lami, ngawangsul ka Sang Putri, menggah sim abdi nu estu, taja pangintěn baha, kana njangking kaom Nabi, sadrah pisan kana dawhan gamparan.

43. Malah ti tadi ge maksad, memeh gamparan milahir, djisim abdi sakalintang, manteng salěběting ati, hanteu kěndat saměnit, maksad njangking rukun alus, ajeuna didawuhan, ku kěrsa gamparan jakti, atuh langkung bungah teu aja hinggana.

44. Ratna Suminar undjukan, ka raka Dewi Pramanik, sumangga geura tibanan, babaran agama sutji, ieu pun Mantri Ginggi, ngawalon Sang Putri Wiku, atjeuk mah hanteu bisa, ku margi sanes lalaki, eta bae paman Arja Langlangturna.

45. Ku rai geura piwarang, ngawuruk rukun susutji, ka pun Mantri Padjarangan, Ratna Suminar teu lami, ka Turna seug ngalahir, tjing tjoba ku paman tulung, Mantri Ginggi ajeuna, waridan kalimah sutji, Langlangturna ngawangsul undjuk sumangga.

46. Sarta těras ngawurukan, Turna ka ki Mantri Ginggi, bagbagan di kasutjian, sarta langkung padang ati, eta ki Mantri Ginggi, saminggu kakara timu, keur bělět kawuwuhan, tjadel ampir hanteu uni, atuh djadi gěnděngan Ratna Suminar.

'●●