Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/189

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
187

salamět taja tjotjoge, Mantri Ginggi ngawangsul, njumanggakeun sartana amit, teu lami Arja Kumba, ku Ginggi dipanggul, lir mundak tjatang kiara, sarta kébat pěrdjalanan ka wiati, ti gunung pangěbonan.

10. Tunda Ginggi tjatur para putri, sang Pramanik djeung Ratna Suminar, sabadana Ginggi mios, Ratna Suminar njaur, ka Nji Mandrawati Papatih, eh bibi Arja Mandra, mostor goreng patut, nu djiga djurig djarian, waktu ieu kula nuhun laksa-kěti, sarta kasuhun pisan.

11. Pangbelaan bibi nu sajakti, djadi djuru tuduh pěrdjalanan, kana geusaning tiněmon, reudjeung anu dimaksud, pikir kula ajeuna leuwih, nandangan kabingahan, lantaran rahaju, salamět bisa laksana, pareng těpang kalajan atjeuk Pramanik, bibi lantaranana.

12. Marga eta ajeuna pinasti, kula sédja rek mulang tarima, ngadjurungkeun balik bae, ajeuna geura undur, djeung bedjakeun ka Sang Narpati, awal-ahir kaula, ka Burbani tangtu, rek ngagantí agamana, sawewengkon prabebet nagri Burbani, ku kula digaradah.

13. Mandrawati ngawangsul ka Putri, abdi nuhun ditimbalan mulang, gandjaran tumut ngagandek, djeung gamparan misaur, bade linggih tras ka Burbaní, něpangan Maha Radja, atuh rebu nuhun, ku abdi diantos pisan, supajana Maha Ratu Mindrapati, kērsa gentos agama.

14. Mung ajeuna abdi undjuk amit, mugi² gamparan masihan, pandu'a wiludjěng bae, ajeuna bade wangsul, sawangsulna gamparan mugi, sarengan ieu raka, enggal-enggal makbul, térbuka kawalujaan, Sang Pramanik ngandika ka Mandrawati, djeung rada tjumalimba.

15. Mugi bibi ulah djadi ati, marga putra hanteu atjan bisa, males kabungahan hate, tina bibi sakitu, kěkěl wěkěl hanteu sumingki, ngabelaan ka putra, tanda bibi langkung, kawělas djěroning manah, amung putra hanteu bisa males asih, dina waktu ajeuna.

16. Ngan manawi di baring-supagi, sarta putra lamun geus waluja lesot ti geusan prihatos, undur tina kabingung, sarta kadar patěpang deui, sugan putra di dinja, njieun tanda nuhun, pikeun geusan kabungahan, ajeuna mah ngan du'a pamugi-mugi, bibi kasalamětan.

17. Saparantos Sang Dewi ngalahir, Mandrawati teu lami pamitan, ka eta Sang para Putren, bari sudjud sésegruk, gěgěrungan pajuneun. Putri, sorana teh geueuman, lir haregěm maung, barang saenggeusna těras, Mandrawati mios ti pajuneun Putri, bělěsat ngawang-ngawang.

18. Tunda deui Patih Mandrawati, kotjap deui para putri dua, Pramanik Sang Aju Putren. Ratu Putri piundjuk, ka rakana Dewi Pramanik, tuang rai ajeuna, sumědja pihatur, wireh sanggěm paman Turna, Kangdjěng Rama Sri Maha Langlangsonadji, kagungan putra dua.