Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/190

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
188

19. Nu tjikalna ngaran Raraspedi, djadi Ratu di nagri Banuja, rai lintang gegěl hate, margí parantos těpung, rai sareng Sang Raraspedi, anu kapěngkěr tea, ka atjeuk diundjuk, anu aja di těgalan, Sulungtubu těmpat Langlangsona kai, djurungan Sang Putia.

20. Pikir rai teu njana teh teuing, Raraspędi Ratuna Banuja, bět lantjeuk rai sajaktos, tina margina kitu, rai lintang nja manteng ati, wireh rai harita, nalika patěpung, teu aja hormat tilawat, atjeuk maphum menggah di paningkah rai, teu tyasa kalěměsan.

21. Margi eta pamaksadan rai, manawina atjeuk lědjar manah, kěrěsa kana lělěson, aměng ka Sulungtubu, rai bade něpangan deui, ka kakang Sang Banuja, sumědja piundjuk, něda wělas pangaksama, urut rai tadi kirang tata-titi, tjumonggah ka andjeunna.

22. Ngawalonan Sang Dewi Pramanik, raos atjeuk pěrkawis eta mah, atjeuk sanes teu hawatos, kahojong aji estu, kěrsa angkat daměl pělěsír, něpangan Sang Banuja, mung atjeuk panuhun, kahajang teh ulah waka, ngantos heula dongkapna pun Mantri Ginggi, bilih aja pěrkara.

23. Ajeuna mah nja wajahnja aji, sabar-sabar djěro şasasih mah, montong lunta ka nu sanes. Ratu Putri ngawangsul, njumanggakeun ka Sang Pramanik, jen ngiring sakěrsana, ngantos nu diutus, njěnangkeun linggih di dinja, siang-wengi tara lunta para Putri, di gunung pangěbonon.

24. Tangtu pandjang lamunna ditulis, waktu eta Sang Putri nu dua, gantjangna nu ditjarios, Mantri Ginggi katjatur, enggeus turun tina wiati, asup ka djěro lěmah, Kumba dipapanggul, gantjangna Ginggi geus dongkap, kana lawang Bungbungümur guha tjandi, Ginggi eureun di dinja.

25. Geus patěpang djeung Mantri Braspati, djurukuntji Karangpanjiksaan, Braspati langkung kaget, jen ningal Ginggi tjunduk, sarta hanteu djeung Ratu Putri, Baraspati seug nanja, eh bagea batur, naha njaba teh ti mana, anu matak mana heubeul-heubeul teuing, sarta datang sorangan.

26. Na di mana ari Ratu Putri, sarta naon eta nu dibawa, palangsiang bangke kěbo, Mantri Ginggi ngawangsul, měnggah rai nu mawi lami, ngadjadjah kamanusan, ngiring Ratu Aju, dupi anu djadi marga, rai dongkap hanteu sareng Ratu Putri, kantun di kamanusan.

27. Reudjeung istri Sang Dewi Pramanik, puntjak gunung Sirkawur lenggahna, mulihna teu atjan tangtos, amung ka rai ngutus, mawa ieu Aria Patih, nu ngaran Kumba tea, tangkepan Sang Aju, dawuhanana teh kědah, ieu Kumba parabkeun kana wěrědjit, di Djurung-padjarangan.