Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/191

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
189

28. Kaduana dawuhan Sang Putri, eta aratja Sang Purnama Alam, simpěn di gědong kaputren, timbalanana kitu, ngawalonan Mantri Braspati, bari mukakeun lawang, pánto Bungbungümur, hajoh atuh geuwat-geuwat, ulah ělat bok kapanggih ku pulisí, mata-mata Ambarak.

29. Hanteu lami terus Mantri Ginggi, kebat bae kana Padjarangan, ngintjid manggul semu dongko, pramantri Bungbungumur, lalumpatan muru ka Ginggi, sarta bari njarébat, gonggo hawu tjunduk, ngaliud di padjarangan, wantu wantu para mantri ratus leuwih, pěndjaga kamar-kamar.

30. Sami sono ka Ki Mantri Ginggi, sarta ear njarěbut bagea, ilih Ginggi djadi montok, Mantri Ginggi ngawangsul, mungguh urang moal sak deui, dina hal kamontokan, da puguh disuwuk, ku kahakanan manusa, djeung ku kaget ku loba mantega samin, sirop ketjap teu kurang.

31. Tungtungna mah tina loba teuing, mandi oge ku samin mantega, tjetjewok oge ku sirop, mantri nu ngadarangu, tingäreuleuh bawaning leuwih, tina kageteunana, manggih bedja kitu, pěrtjaja djeung kabitana, sarta pada harajang ngiring ka Putri, rek ngadon barang hakan.

32. Mantri Ginggi tjatjarita deui, djeung kaula anu matak datang, nampi dawuhan Sang Putren, ieu teh Kumba kudu, pake parab ratjun wěrědjit, si Djurung-padjarangan, malar adjur lampus, ngagantian artja tea, ari eta artjana kudu didjait, teundeun di kaputrian.

33. Sarta ulah kendat para mantri, ngarěmitan artja Sang Purnama, samemeh sumping Sang Putren, mantri-mantri ngawangsul, ngamang-gakeun ka Mantri Ginggi, jen sanggěm naluguran, ka artja Sang Sunu, di gědong Karang kamuljan, těras deui tjarita ki Mantri Ginggi, ka mantri sadajana.

34. Njaram ulah rek dareukeut teuing, sabab moal kuat ku panasna, maunat artja Sang Anom, mantri2 murudul, njararingkah ka anu těbih. Mantri Ginggi teu lila, těrus muka pintu, lawangna si Padjarangan, sarta gampang mukana teu pisan rugi, malah taja panasna.

35. Amung seungit dugi ngadalinding, langkung2 ti seungitna kěmbang, ngelehkeun gambir tongkeng ros, Matri Ginggi geus asup, kana djěro kamar wěrědjít, njokot artja Sang Putra, Mantri Ginggi langkung resep geugeut kana artja, tina mubjar tjahaja kasep duměling, tjara artja běrlian.

36. Sarta tuluj dipunggu ku Ginggi, tina djèro kamar padjarangan, těrus dibawa ka gědong, bandjar karang Ratnaju, diebogkeun di djěro katil, nganggo kasur djeung bantal, ditutup kulambu, dina kamar pagulingan, sanggeusna teh pantona djeprot disosi, bok aja nu ngopenan.