Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/192

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
190

37. Nu nuguran sakabeh pramantri, di laluar teu aja towongna sakuriling eta gědong. Mantri Ginggi katjatur, ti kaputren seug terus deui, ka kamar Padjarangan, rek ngarangsom ratjun, ku raga Aria Kumba, Mantri Ginggi leumpang bari njoo kumis, ludeung teu kasamaran.

●●

Asmarandana

1. Barang datang Mantri Ginggi, kana Djurung-padjarangan, ratjun² datang kabeh, nu ti luhur nu ti handap, nakleuk ka padjarangan, nu tadi kalabur pundung, daratang deui harita.

2. Katingal ku Mantri Ginggi, ratjun daratang barěgang, panonna sampe tjarělong, kawantu teu njaratuan, di sadjěro lalunta, harita geus pada kumpul, dina kamar padjarangan.

3. Ranghap ka ki Mantri Ginggi, pada marenta rangsoman, ngagulung djěroeun panto, Mantri Ginggi hanteu lila, njokot Aria Kumba, sarta dibarung tjatjatur, eh kakang Aria Kumba.

4. Kula rek ngahukum pati, sabab bongan goreng lampah, djadi mahluk murka hate, rěrěgěd djuru binasa, ka djalma tanpa dosa, ajeuna ku kula tangtu, dihukum di padjarangan.

5. Barang tutup Mantri Ginggi, tjarita ka Arja Kumba, jen bakal ngahukum paeh, Kumba bisa ngawalonan, bari haharegungan, pokna eh ki Mantri Ratjun, kakang sědja nampa pisan.

6. Kana panghukuman aji, lantaran ku gěde dosa, pěrlampah kakang pribados, ngan kakang aja paněda, salaksa pěrmuhunan, ka aji anu saestu, samemeh kakang teh pědjah.

7. Kakang leuwih tigin ati, saměnit teu pisan pěgat, hajang těpang heula bae, sareng Sang Purnama Alam, putra Ratu Riskomar, maksad kakang rek piundjuk, něda sihing pangaksama.

8. Nadjan kakang pasti mati, taja geusan panasaran, samalah dihukum oge, hajang ulah ku nu lian, menggahing diri kakang, hajang ku Pangeran Sunu, Sang Putra Purnama Alam.

9. Sakitu kakang měrědih, marga kakang hanteu adjal, sakieu karuksakan teh, ku sabab kakang ngantosan, sumpingna Sang Pinutra, marga eta rebu2, panuhunan diri kakang.

10. Mugi aji wělas asih, masihan nja pangadilan, ka kakang maparin tempo, saupami aji maksa, kakang teh hanteu suka, ditutup geusan nunuhun, dipěgat djalan pěrtobat.