Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/194

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

192

24. Reudjeung kakara nja manggih, djěro imah kieu rupa, malantjur guměbjar objor, bangsa perak suasa mas, teu aja nu gorengna, djeung lampu rantuj ngagēbur, panabur sipat sosatja.

25. Korsi emas beunang njangling, medja perak tur barakbak, aing teh kakara nendjo, anu sakieu muljana, estu taja padana, naha saha anu gaduh, mana leuwih teuing endah.

26. Reudjeung naha diri aing, djadì di dieu nja aja, na saha nu mindahkeun teh, tina djěro pangbuian, djeung ka mana si kumbi nu ka aing rek ngahukum, ajeuna naha bět taja.

27. Radja Pitra kitu lahir, dina sadjěroning manah, sarta bari rurat-reret, kana sakur barang-barang, parabot gědong eta, sarta těrus deui asup, kana kamar pagulingan.

28. Bari teu kěndat ngalirik, ningalian djěro kamar, parabot sagala sae, sarta dumadakan aja, di djěro pagulingan, pigura dua ngagantung, gambar Sang Ratna Suminar.

29. Pinutra neuteup ningali, kana rupi eta gambar, sarta hanteu pisan geseh, katingalna ku Sang Putra, siga rupi garwana, sarta teu lami Sang Sunu, rampujuk emut ka garwa.

30. Barina sasambat nangis, duh aduh djungdjunan engkang, mustika wawangen hate, nu geulis Dewi Kania, naha enung bět tega, ka engkang teu njusul², aja dina gedong sangar.

31. Engkang geuwat susul njai, bisi kabudjěng ku mangsa, tumiba ka bahja maot, di těmpat rasěksa murba, djuru pirusa maksa, engkang pasti njorang lampus, pědjah ku lantaran lara.

32. Sang Radja Putra teu lilir, nangis sasambat ka garwa, Dewi Pramanik kasiten, teu aja pisan kěndatna, di djěro pagulingan, mundut ditulung disusul, dihandjatkeun tina bahja.

33. Njuuh hanteu lilir², gambar teu ditilar-tilar, mingarungrum teu liren², těras kawisaja, manah, ilang tata kusumah, mawur rarambuning kalbu, kabawa sakaba-kaba.

34. Kairid ku lain², kagoda rantjana manah, ngadjadi leungit djadjaten, Sang Putra Purnama Alam, dina waktu harita, tumungkul kana mangpaung, midangdam balakatjapang.

35. Tjara titi těrahing djin, pantěs linggihna di dinja, mangkon rat guha katjanden, turug? Sang Pinutra, ahli miraga warna, sapěrti lamun keur tjampur, reudjeung bangsana manusa.

36. Rupina tara katindih, kasepna teu kasisipan, djadi atji rupi bae, lamun tjampur djeung kadjinan, siga djin pangkasepna, kitu salira, Sang Sunu, tědak raspati kanoman.