Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/195

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Sinom

1. Pandjang lamun ditjarita, tatana Sang Nurasdjati, tjatur pramantri sadaja, anu keur sami ngadjagi, bisa narangtung deui, tinglalimbung nandang landjung, ngan geus tjageur torekna, sarta pada kaget ati, reudjeung pada njěbut sora naon eta.

2. Lain gugur lain gělap, lain maričm keur muni, tarik matak katorekan, saumur kakara manggih, sadjro di guha tjandi, aja soara nu kitu, matak katuralěngan, ngadjěbet ka djčro tjeuli, djeung djegurna sada lèbah padjarangan.

3. Kitu omongna sadaja, mantri² nu karemit, sarta pada nandang reuwas, tatapina lami-lami, sakabeh mantri?, manggih deui geusan langkung, kana kaget pikiran, ku sabab sami ngaruping, aja sora djěro gědong kaputrian.

4. Sidik sora nu sasambat, ku para mantri diintip, pértela di pagulingan, sarta enggeus pada nuding, jen moal gagal deui, artja těnungan tinangtu, Sang Pangeran Pinutra, ajeuna geus waras deui, saelingna sasambat ka ibu-rama.

5. Kitu sangka sadajana, sarta teu lila badami, ngadjakan urang bebedja, ka mantri kamar wčrědjit, nja eta Mantri Ginggi, barang geus tutup barěmpug, arindit sadajana, rek něpungan Mantri Ginggi, katjaturkeun daratang ka Padjarangan.

6. Mantri Ginggi waktu eta, kasampak niupan tjeuli, sabab masih katorekan, ku sora Aria Patih, teu lami tjageur deui, ku ningal batur tjarunduk, sartana hanteu lila, Ginggi'ngomong bari seuri, hanteu njana Kumba boga sora gělap.

7. Tarik matak katorekan, abong? sora iblis, ngawalonan sadajana, ka Mantri kamar wěrědjit, nja eta anu mawi, sarerea pada tjunduk, ku manggih pakagetan, ku sora nu tarik tadi, sarta sidik djěgurna di Padjarangan.

8. Pamaksudan sarerea, arek nanjakeun ka Ginggi, tapi ajeuna teu njana, sora Kumba Aringaring, nu tarik leuwih², bět matak labuh tisusut, kadua pěfkarana, sědja bebedja ka Ginggi, anu matak sarerea pada datang.

9. Lantaran bieu teh aja, geusan kaget kana pikir, sabada soara Kumba, bět sada aja nu nangis, sasambat matak kětir, sidik hanteu

Purnama Alam I — 13