Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/197

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

195

pandena, sarta harita teu lami, Pangeran Nurasdjati, ngaděg dina lěbah pintu, lawangna pagulingan, reudjeung teu kěndat ningali, měntjrong lelēb ka para mantri kadjinan.

20. Tapi hanteu sasauran, ngan wungkul neuteup ningali, kotjap mantri sadajana, jen ningal Sang Nurasdjati, tjahajana duměling, leuwih ti keur djadi batu, pramantri sadajana, sieun patjampur djeung isin, darariuk mando pajuneun Sang Putra.

21. Tarungkul teu werat tanggah, tina bawaning ku isin, diteuteup ku Sang Pinutra, malah sawareh pramantri, tina isinna leuwih, njuuh kana tonggong batur, teu lami Sang Pinutra, ladjěng tjalik dina korsi, saluareun pintu kamar pagulingan.

22. Hanteu lami Sang Pinutra, ngalahir ka para mantri, kaula sumědja nanja, ku sabab anjar pinanggih, leuwih nja kaget ati, reudjeung arandika těpung, kaula menta bedja, supaja ngadjadi sidik, bangsa naon djin atawa kamanusan.

23. Djeung ti mana rumah-tangga, lěmbur matuh geusan tjitjing, kula menta bedja těrang, mantri² barang nampi, panglahir Nurasdjati, hanteu aja nu ngawangsul, kantun patingal-tingal, djeung baturna para mantri, sami galat kasima ku kaisinan.

24. Ngan ki Mantri Padjarangan, rada wantěr mitjeun isin, lahlahan seug ngawangsulan, ka Pangeran Nurasdjati, pěrkawis djisim abdi, sarěng ieu batur2, mantri Karang panjiksan, guha kalangěnan sari, nu kagungan Sri Maha Tolongtělěngan.

25. Kasēbat bangsa kadjinan, karaton pusěring bumi, ngandika deui Sang Putra, kutan arandika mantri, bangsa djin pusěr bumi, kula kakara saumur, těpung djeung arandika, kadua kula teu ngarti, saha anu mawa ka diri kaula.

26. Kapan bieu mah kaula, reudjeung Kumba Aringäring, dina djěro pangbuian, karasa hanteu saměnit, bět geus di dieu tjitjing, djěro gědong malalantjur, naha saha nu mawa, mindahkeun ti djěro bui, tjoba kula bedjaan nu těrus těrang.

27. Mantri Ginggi ngawangsulan, dupi nu ngabantun tadi, měnggah ka lěnggah gamparan, Arja Kumba Aringäring, Patih Ambarak nagri, sanggěmna utusan Ratu, Maha Putiasukma, kitu anu djadi margi, panggamparan ajeuna di dieu lěnggah.

28. Malah gamparan tadi mah, waktu ku pun Arja Patih, dibantun ka ieu guha, rupi artja batu putih, panjipta Arja Patih, nu kasěbat aji těnung, sinarěng disimpěnna, waktos tadi němbe sumping, dina kamar ratjun Djurung-padjarangan.