196
29. Dupi anu djadi marga, pang tjalik di ieu bumi, ngalih tina padjarangan, ku pribados djisimsabdi, Sang Putra Nurasdjati, ka Mantri seug deui njaur, kutan kitu asalna, pang kula di dieu tjitjing, ku gawena
Aria Kumba Ambarak.
30. Tatapi ajeuna kula, rek menta pitulung Mantri, tina sabab hanteu terang, djalanna keur baris balik, kudu anteur ku Mantri, ulah kapalang nja nulung ka nagri lěmbur kula, da meureun ti dieu těbih, Mantri Ginggi ngawangsul ka Sang Pinutra.
31. Pěrkawis kěrsa gamparan, mundut tulung ka sim abdi, ngadjadjapkeun ka Riskomar, tina margi hojong mulih, měnggahing djisim abdi, sanes pisan hěnteu tumut, kana kěrsa gamparan, mung panuhun djisim abdi, ulah waka gamparan mulih ajeuna.
32. Dupi nu djadi margina, tina maksad djisim abdi, sumědja ngantosan heula, idinan Sang Aju Putri, nu mangkon guha tjandi, Ratu Karang Bungbungümur, Adjěng Ratna Suminar, waktos ieu nudju sěpi kěrčěsana ngambah dunja kamanusan.
33. Njaur deui Sang Pinutra, naha make menta idin, kawas kaula beulian, ngawangsul ki Mantri Ginggi, ka Sang Nurassadjati, sanes tina margi kitu, wireh dampal gamparan, didjait tina balahi, ku piwelas Sang Adjeng Ratna Suminar.
34. Malah ajeuna pun Kumba, ku Sang Adjěng Aju Putri, dibabandan ti Ambarak, bade dihukuman pati, baris parab wěrědjit, barang keur Mantri piundjuk, Aria Patih Kumba, ngagěrung deui lir tadi, ngagělěgěr geueuman djěroning guha.
35. Sang Radjaputra Purnama, langkung² kaget galih, ngadangu eta soara, sarta teu lami ngalahir, mariksa ka pramantri, sora naon ngagělědug, tarik ti batan gělap, ngawangsulan Mantri Ginggi, dupi eta sora Patih Kumba tea.
36. Dina lawang Padjarangan, bade dihukuman pati, dupi margi hanteu atjan, diparabkeun ka wěrědjit, měnggah ku djisim abdi, wireh pun Kumba panuhun, samemeh dipaehan, pokna hajang heula nampi, pangaksama piwělas kěrsa gamparan.