Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/199

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Asmarandana

1. Sang Putra Nurasadjati, ka Mantri Ginggi ngandika, pasĕmon nu langkung kaget, tjing baju atuh ajeuna, anteur ku sarerea, kula hajang geura těpung djeung Aria Patih Kumba.

2. Hanteu lami para mantri, njumanggakeun ka Sang Putra, gantjangna nu ditjarios, tĕras Sang Pangeran Putra, diiring ku sadaja, bade kana kamar ratjun, ti gĕdong Bandjarankarang.

3. Barang ka luar ti bumi, ampir hanteu madju angkat, kabebendjo ku nu objor, pangeusi djěroning guha, tina nĕmbe měndakan, anu sarupaning kitu, di dunja taja bangsana.

4. Pĕrmata didjieun keusik, nu mahal di kamanusan, di dinja dimoremore, tungtungna Sang Radjaputra, těrasna lalamunan, mangke ari mulih tangtu, rek njandak keur ngintun garwa.

5. Gantjangna anu digurit, Sang Putra Puranama Alam, sarĕng nu ngiring sakabeh, geus sumping ka Padjarangan, kamar karang panjiksan, barang ret Pangeran Sunu, ningal raga Arja Kumba.

6. Nadah kaget leuwih-leuwih, margi Kumba djadi badag, leungit pangadĕg bareto, katurug-turug sihungan, manahna palangsiang, lain Kumba anu estu, kitu sangka Sang Pinutra.

7. Sarta Sang Putra teu lami, ngandika ka sadajana, kula leuwih nandang helok, sabab ieu Patih Kumba, rupana bareto mah, estu lain pisan kitu, biasa adĕg manusa.

8. Kawasna ieu mah lain, Kumba Aria Ambarak, pahili djeung anu sedjen, sabab katjida bedana, da kula oge tĕrang, Mantri Ginggi seug ngawangsul, jaktos Aria Ambarak.

9. Dupi margi geseh rupi, wirehing ieu pun Kurhi, waktos nĕnung gamparan teh, keur ngadjadi kamanusan, margi alit ragana, tina saktina pinundjul, bisa mindah-mindah rupa.

10. Wantu Kumba Aringaring, deděmit dasar sagara, Gujung Limbu nagrina təh, Sang Putra mesĕm ngandika, kula kakara těrang, paingan lamunna kitu, asal-usul Arja Kumba.

11. Ngan kula tatjan ngaharti, pang ajana di Ambarak, ieu Aria Kumba teh, tjitjing di nagri manusa, ki Ginggi ngawangsulan, ka eta Pangeran Sunu, ngadadar pěrlampah Kumba.

12. Sarĕng Putiasukmadji, memeh ngaraton Ambarak, sarta nĕpi ka