Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/200

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
198

ngabokong, ngalindih nagri Ambarak, njipta djadi manusa, kadanguna ku Sang Sunu, langkung ngadjadi kagetna.

13. Sartana ladjĕng ngalahir, paingan ari kitu mah Kumba djeung Putia Katong, bibit djurig duruwiksa, pantěs bisa něnungan, ngabinasa laku hasud, beda ti adat manusa.

14. Barang Sang Nurasadjati, keur tjarios ka sadaja, Kumba gĕrung deui bae, tatapina harita mah, soara Arja Kumba, hanteu ngadjěgur lir gugur, kěndor lir sora biasa.

15. Njambat ka Sang Nurasdjati, pokna duh Sang Radjaputra, djungdjunan mustika hate, ieu djisim abdi Kumba, Patih nagri Ambarak, rebu-laksa marga nuhun, gamparan ajeuna lĕnggah.

16. Bade piundjuk sim abdi, mĕnggah ka lĕnggah gamparan, supados djadi waspaos, kalajan abdi panĕda, mugi² gamparan, mědarkeun kasětya kalbu, agung² sih piwělas.

17. Mĕnggah ka diri sim abdi, anu langkung marga murka, rĕrĕgĕd rarambu hate, sakalintang rumaosna, samudaja kalĕpat, ka Gusti ngaharu-haru, binasa nu lintang nista.

18. Ku margi eta pamugi, maparin sih pangaksama, ka diri abdi pribados, kalajan něda pandunga, geusan kawiludjěngan, supados abdi nu estu, sampurna dunja-aherat,

19. Sarĕng kadua pěrkawis, wirehing abdi ajeuna, dihukum pati tinangtos, djadi parab padjarangan, awit ku kaagěngan, dosa dugi susun², ku abdi karaos pisan.

20. Amung panĕda sim abdi, samemeh antjur nja raga, hojong tĕpang heula bae, sarĕng Sang Purnama Alam, Putra Ratu Riskomar, anu ngagĕm djimat luhung, pusaka tatali rasa.

21. Bade nĕda pangaksami, samudaja kalĕpatan, sarĕng pandunga nu sae, upami kĕrsa gamparan, hĕnteu aja piwĕlas, kana panuhun sakitu, djisim abdi hanteu suka.

22. Sang Putra Nurassadjati, ngadangu piundjuk Kumba, sakĕdap nandangan kaget, marga tina teu ngartosna, sarta těras ngandika, kapan kaula nu estu, nu ngaran Purnama Alam.

23. Barang Arja Kumba nguping, pangandika Radjaputra, udjug-udjug seuri bae, ngagakgak sĕmu nu suka, bari njĕbat handjakal, teu kenging dipunggu-punggu, kana raraga kusumah.

24. Sang Putra Nurasadjati, kawantu-wantu budiman, sakilat gampang ngahartos, kana silib Arja Kumba, tina aja maksudna, lĕsu lir kapupul baju, djeung bari těras ngandika.

25. Duh paman Aria Patih, putra langkung rumaosna, nandang lěpat