Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/201

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
199

burĕt hate, kana tjariosan paman, amung waktu ajeuna, kahartos sarĕng kasurup, kana lĕbĕting pangrasa.

26. Kadjudi ku sĕpi hari, katjipta ku taja tanda, jen putra tĕrah narpatos, Ratu nagari Riskomar, nu njangking tali rasa, sulaja tina panjěbut, kaom Wiku Gurangsarak.

27. Asal tina djalir pikir, pukah sarĕng tali rasa, djalan poho ka papagon, ti anu masihanana, amung waktos ajeuna, kang putra rebu nja nuhun, aja pangoboran paman.

28. Kitu deui paman tadi, mundut hampura ka putra, mĕnggah putra nu sajaktos, sumědja ngaturkeun pisan, rebu-rebu hampura, kana lĕpat paman kitu, dunja dumugi aherat.

29. Kadua paman migalih, tĕpang djeung Purnama Alam, tĕrah Sri Maha Pramajon, anu njangking Talirasa, kang putra sanggĕm pisan, nĕpangkeun ĕngke ka pajun, di kota nagri Riskomar.

30. Mung kang putra aja djangdji, něda pasanggěman paman, dina wangkid ieu bae, samemeh paman patĕpang, sarĕng Purnama Alam, paman kĕdah purun kalbu, ngagěntos heula agama.

31. Lěbět ka agama sutji, rukun titis kanabian, mun hanteu kĕrsa tinangtos, kaselehkeun ku kang putra; ka Mantri Padjarangan, Aria Kumba ngawangsul, nja eta anu ditěda.

32. Malah kemutan nu jakti, mĕnggah sim abdi paněda, pamugi ajeuna bae, gamparan kěrsa masihan, rukun elmu agama, Pangeran Pinutra njaur, atuh nuhun kitu manah.

33. Tawis paman tigin galih, kana ngilangkeun pamurka, nu djadi rĕrĕgĕd kotor, halangan kasampurnaan, ajeuna kabukana, diruat supaja mulus, tumitis kasalamĕtan.

34. Sang Putra sanggeus wawarti, těrus bae ngawurukan, sagala nu djadi poko, babaraning kasutjian, barang Kumba geus paham, elmu rukun ti Sang Sunu, udjug-udjug bisa hudang.

35. Pajahna ngadadak leungit, djadi waras tur waringkas, sikěp diuk sarta mando, pajuneun Sang Radja Putra, malah taja tapakna, urut gĕring naun?, kurnia Sang Radja Putra.