Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/20

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

18

putra, sakieu nja ěnggeus lami, teu ngadenge teu manggih, nu kasěbut putra wiku, naha hanteu kagungan, Ahmad Sêmbada teu lami, ngawangsulan ka Radjaputra Purnama,

9. Pun lantjeuk gaduheun pisan, putra istri amung hidji, wasta pun Dewi Kania, teu atjan gaduh salaki, Sang Putra njaur deui, nu mana kuring teu maphum, djeung naha teu manggihan, sakieu nja ěnggeus lami, ngawangsulan Sěmbada ka Sang Pangeran.

10. Manawi roa pamběngan, pun anak anu sajakti, hěnteu marěk ka gamparan, bubuhan awewe sisi, teu kenging sina tjitjing, dipuuk ku damêl ribut, ngala tjai kukumbah, beberes djeung běběrěsih, mirun seuneu nutu ngisikan popolah.

11. Njaur deui Sang Pangeran, naha bět katjida teuing, ngadjar teh satêngah njiksa, datang ka teu meunang tjitjing, lir ka nu beunang meuli; tungtungna kuru ku ribut, kumaha mun kapapas, dirina djadi ririwit, raragana ngajakas rupana pias,

12. Kitu saur Sang Pangeran, bawaning ku leuwih-leuwih, nandang kateu-panudjuan, mun ěnja kitu teh Rěsi, ngadjar ka putra istri, hadena piundjuk palsu, djidjieunan Sêmbada, ngewěskeun titisan sisi, kaluasan paladjaran di padesan.

13. Gantjangna ieu tjarita, barang ae nudju wawarti, djěbul Nji Hamiah dongkap, ngabantun baris babakti, pasakan djeung nu amis, wadahna lodor djeung sangku, dina baki kuningan, ari bangsa anu amis, ku banedja sarta dina piring gělas.

14. Ditanggeuj ku Nji Hamiah, djeung disanggakeun sakali, ka pajuneun Radjaputra, Sang Radjaputra ningali, sarta bari ngalahir, mariksa ka nu pupundut, eta teh nu ti mana, bêt asa kakara panggih, ngawangsulan Hamiah ka Sang Pangeran.

15. Ieu ti abdi gamparan, seuweuna pun lantjeuk Rěsi, wasta pun Dewi Kania, hatur lumajan babakti, Radjaputra ngalahir, atuh rebu-rebu nuhun, ngan naha Nji Kania, hanteu datang ku pribadi, kula hajang papanggih da tatjan těrang.

16. Sarerea mah geus datang, nu aja di Paramanik, nareahg manggihan kula, pada misono miasih, teu kěndat beurang peuting, maraksud harajang wawuh, ari Njai Kania, abong-abong teuing santri, tigin magon haram papanggih djeung budjang.

17. Naha ditjaram ku ama, atawa ku bibi Rěsi, ulah rek manggihan kula, Nji Hamiah hanteu lami, ngawangsul langkung isin, abdi gamparan nu estu, sanes kitu margina, nu mawi hanteu dumugi, ngadeuheusan měnggah ka lěnggah gamparan.