Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/21

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

19

18. Amung marga karepotan, gamparan lintang tingali, roa-roa padamělan, sarĕng kadua pěrkawis, sanggĕm pun anak isin, Sang Purnama Alam njaur, ih bět matak handjakal, teu beunang didjieun wargi, make aja babasan era ku kula.

19. Ngan ajeuna pendekna mah, bedjakeun bae ku bibi, ka Njai, Dewi Kania, kula ku hajang papanggih, bisi kaburu balik, tina sabab tatjan puguh, kula di dieu lila, masantren bumĕtah mukim, Nji Hamiah ngawangsul undjuk sumangga.

20. Barang geus tamat wawarti, Pangeran Putra teu lami, luměbět ka pagulingan, njandak ti djěro almari, hidji sindjang djeung duit, baris mulang nu pupundut, sindjang sutra katojan, pasung tulis pulas gading, sawat tabur sĕkar gambir nu sumiak.

21. Ari duit dua dinar, Sang Radjaputra ngalahir, ka eta Njimas Hamiah, ieu selehkeun ku bibi, samping sartana duit, ka Kania djuru akur, lumajan keur babasah, Nji Hamiah njĕmbah nampi, sarta bari pamitan gantjangna mulang.

22. Sang Radjaputra Purnama, teu lami ngalahir deui, ka eta Ahmad Sĕmbada, Kania ku mamang mugi, kudu pisan pepeling, ulah bět datang ka kitu, lingas ěmbung manggihan, teu beunang didjieun wargi, ulah aja basa rempan kumaonam.

23. Reudjeung kumaha rupana, mana dusun-dusun teuing, ngawangsul Ahmad Sěmbada, mĕnggah emutan sim abdi, mo kantos dipepeling, supados geus aja saur, tangtos ka dieu dongkap, amung gana milahir, mariksakeun rupi pun Dewi Kania.

24. Djisim abdi teu tiasa, ngundjukkeun rupi pun Dewi margina rumaos pisan, wantu alo djisim abdi, ěngke bae tingali, tindakna sarěng pamulu, dina parantos dongkap, Pangeran ngalahir deui, boa teuing ěmbungeun ka dieu datang.

25. Tunda Sang Pangeran putra, anu eukeur guněm warti, kotjap Sang Dewi Kania, keur lĕnggah di djěro bumi, sarĕng Sang Maha Rěsi, ibuna deui teu kantun, ngantosan Nji Hamiah eukeur njanggakeun babakti, maranahna kumaha dawuhanana.

26. Teu lami djĕbul Hamiah, geus asup ka djěro bumi, njampeurkeun ka Sang Kania, djeung bari teu kěndat seuri, bangun nu suka ati, sarta njodorkeun kikintun, ka Sang Dewi Kania, nja eta sindjang djeung duit, ieu Njai pasihan ti Radjaputra.

27. Ditjandak ku Sang Kania, barang braj dibuka sidik, uang reudjeung hidji sindjang, Sang Dewi Kania leuwih, nandangan bungah bari njĕbat nuhun-nuhun, kitu deui ibuna, djeung ramana naringali, lang