Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/203

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

201

arek barempug, ki Mantri ngawangsulan, menggah rai nalika ajeuna nudju, di dunja kamanusaan, geus lami teu atjan sumping.

13. Gamparan kědah ngantosan, kana sumping Sang Adjěng Aju Putri, Purnama Alam seug njaur, kumaha lamun lila, hěnteu datang tangtu kula leuwih bingung, mikir hajang geura mulang, ka nagri kula pribadi.

14. Kitu deui pikir kula, nadjan enggeus nimbang ka paman Patih, tina dosa nu sakitu, ngaidinan mulang mah,moal waka sabab aja nu ditunggu, nja eta anu boga hak,nangkěp paman Arja Patih.

15. Kitu deui paman Arja, ulah pisan rek merod kana mulih, nja wajahna kana tunggu, ngawangsul Arja Kumba, měnggah abdi teu aja peta ngaběrung, kana dawuhan gamparan, mung maksad sumědja ngiring.

16. Sumawontën didawuhan, kědah ngantos sumping Sang Adjěng Putri, parěk sasih těbih taun, nadjan salalamina, djisim abdi dina guha Bungbungumur, estu hěnteu pisan kana sumingkir nja ati.

17. Ngandika deui Sang Putra, nuhun pisan paman kitu nja galih, tanda kasetyaan estu, ngan ajeuna sumangga, urang muru ka gědong Putri Ratnaju, njumanggakeun Arja Kumba, sareng sadaja pramantri.

18. Sang Putra Purnama Alam, čnggeus sumping ka gědong bandjarsari, těmpat lěnggah Ratna Aju, Sang Pinutra lěnggahna, dina korsi nu beunang nabur ku djambrut, sadaja nu di harandap, marando beres ngabaris.

19. Pangeran Purnama Alam, keur dadasar gumilangna ti tadi, asal-usulna ngagěbur, katambah kasorotan, ku sagala pěrmata nu malalantjur, bati objor tur guměbjar, matak serabeun pramantri.

20. Sami isin sadajana, tarungkul taja nu dangah hidji, pajuneun Sang Radja Sunu, teu lami seug ngandika, ka ki Mantri djuru kuntjen kamar ratjun, kula hanteu atjan těrang, di rupa Sang Aju Putri.

21. Kumaha dina adjegna, djeung manusa kira teu geseh teuing, pamuluna Ratna Aju, dumeh bangsa kadjinan, Mantri Ginggi ka Radjaputra ngawangsul, pěrkawis Sang Adjěng Ratna, měnggah raos djisim abdi.

22. Sawengkon nagri kadjinan, hanteu aja tandingna Adjěng Putri, tina geulisna-kalangkung, dina waktos ajeuna, amung aja nu nanding ka Ratna Aju, samalah rada ngungkulan, amung sanes bangsana djin.

23. Pandita kamanusaan, kakasihna Sang Dewi Paramanik, di puntjak gunung Sirkawur, malah Sang Adjěng Ratna, nja di dinja linggihna kersa ngaguru, elmuning kasampurnaan, bagbagan agama sutji.

24. Sang Radjaputra Purnama, barang nguping piundjuk mantri Ginggi, ngarandjug lěběting kalbu, ngahulěng sadjongdjongan, ampir-ampir ngarumpujuk nadah lesu, marga Mantri Padjarangan, njebatkeun