202
Dewi Pramanik
25. Emut ka Dewi Kania, dugi lungse njangkrung mêdal tjitangis, mung kalah agêng pamêgung, sarta teu lami těras, njaur deui ka Ki Mantri djuru ratjun, naha putri ratu mana, nu ngaran Dewi Pramanik.
26. Suganna paman uninga, da kula mah bênêr manusa jakti, tapi hanteu pisan maphum, ka anu ngaran eta, Mantri Ginggi ka Radjaputra ngawangsul, dupi saur andjeunna mah, wawartos ka djisim abdi.
27. Putra Wiku Gurangsarak, nu kasêbat Muhamad Kurbah Rêsi, kitu saurna nu estu, margi aja di dinja, keur pêlêsir ngadjadjah ka gunung, wantu adat Kadewian, pupudja djeung mudjasmedi.
28. Sang Radjaputra teu kira, sumêdotna dina salêbêt galih, bari
njaur dina kalbu, moal gagal Kania, pang ajana di ji gunung Sirkawur, tinangtu asal neangan, ka diri aing pribadi.
29. Tatapi lamunna enja, naha taja panjaram panjaram ibu, mungguh Njai Kania, bêt diantêp sina kana têmpat anu hina, leuweung geusan baja pati.
30. Djeung palangsiang Kania, pang ingkahna ku djalan dinjěnjěri, ku ama sarêng ku ibu, lantaran kieu pěta, leungit aing tinangtu djadi gumujur, kitu manah Sang Pinutra, sarta teu lami ngalahir.
31. Naha kumaha asalna, Ratu Putri papanggih djeung Pramanik, wawuh djeung têrus ngaguru, ki Ginggi ngawangsulan, ka Sang Putra nêrangkeun Sang Ratu Aju, lantaran tiasa têpang, sarêng Sang Dewi Pramanik.
32. Diundjukkeun mimitina, tina asal Ratu Putri ngaroris, kana těmpat
kamar ratjun, kedanan ku Sang Putra, nja dumugi djêngkar tina Bungbungumur, ka dunja kamanusaan, ngilari Dewi Pramanik.
33. Diundjukkeun teu kaliwat, ku Ki Mantri ka Sang Nurasdjati, dumugi kana patěpung, Adjêng Ratna Suminar, sarêng Dewi Pramanik di luhur gunung, těmpat aki pangebonan, katêlah Turna djeung Turni.
34. Mantri Djurung-padjarangan, enggeus tamat tjarita leuwih apik, Nurasdjati těras njaur, kutan kitu asalna, pang euweuhna Nji Putri ti
Bungbungümur, ngan kula ku hajang terang, rupana Sang Aju Putri.
35. Arja Kumba seug undjukan, jaktos pisan piundjukna pun Mantri, měnggah rupina Ratna Aju, marga lintang geulisna, taja anu ngalangkungan teh saestu, djisim abdi oge těrang, estu mustika putri djin.
36. Amung aja handjakalna, langkung² barangasan teh teuing, tara bêndu teu ngabunuh, paling adil nadjongan, atawana njeuseul bari noker irung, Ginggi seuri djeung ngadjawab, komo ka anu sok maling.
37. Sok tara mindo njabokna, nadjan gagah katiban tangan Putri.