Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/205

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

203

pasti kana njorang lampus, sanadjan hĕnteu misan, kudu bae tara tjageur ku sataun, wuwudon tularanana, matihna Sang Aju Putri.

38. Ku Arja Kumba kamanah, njaritana Ki Mantri Ginggi sindir, ngawalon barina nundjuk, pantĕs da dibongohan, mun tĕrang mah jen aja Sang Ratu Aju, kakang tangtu ngědjat anggang, mo, beunang nadjan dibĕrik.

Sinom

1. Pangeran Purnama Alam, njaur salĕbĕting galih, lah kutan hade rupana, disarĕbut leuwih geulis, eta Nji Ratu Putri, tjeuk Kumba djeung Mantri Ratjun, sanggeusna kitu manah, ladjĕng Sang Putra ngalahir, ka Ki Mantri djuru djurung padjarangan.

2. Kutan teh hade rupana, ngan aja sĕmang saeutik, disĕbut sok barangasan, babarian kana pusing, ngawangsul Mantri Ginggi, jaktos pisan eta kitu, hanteu aja lĕpatna, sapiundjuk kakang Patih, Ratu Aju adatna sok barangasan.

3. Kawuwuh langkung tampikan, taja bopati ditampi, sugri² nu ngalamar, malah batan kĕrsa nampi, ka anu sararumping, anggur diběrik ditundung, dilabrak ka nagrina, adatna Sang Adjĕng Putri, tungtungna mah taja nu wantun ngalamar.

4. Mung nĕmbe ajeuna pisan, nu kapĕndak ku sim abdi, Sang Adjĕng Ratna Suminar, kairut dugi ka lali, dina kamar wĕrĕdjit, ku dampal gamparan istu, istuning matak heran, leungit tampikan nu tadi, sĕmi² pikadareun ka gamparan.

5. Sang Radjaputra ngandika, atuh nuhun laksa-kĕti, ari ĕnja mah kaula, dipiasih ku Putri djin, asuhan paman Mantri, mustikaning Bungbungümur, teu tjara paman Kumba, boro mah pangkat Papatih, ngasor-ngasor awewe goreng lelewa.

6. Eukeur mah kasar rupana, ari tata lir teu eling, dangdanan saaja-aja, tjara ronggeng ogel badis, barang ki Arja nguping, lahiran Pangeran Sunu, langkung² isinna, ngawangsul djeung bari seuri, djisim abdi mung darma nu kumawula,

7. Dupi waktos ajeuna mah, bawiraos djisim abdi, balikanan mun kamanah, ku gamparan pun Kaswati, asa katjida teuing, miruruh ka djurig hawu, Sang Pinutra Purnama, ngandika djeung imut manis, mun bareto paman kitu mamanahan.