Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/206

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

204

8. Meureun putra moal pisan, ngarasa sangsara diri, aja di nagara lian, sapĕrti ajeuna bukti, djeung ibu-rama tĕbih, reudjeung djungdjunan pakantun, Aria Patih Kumba, hanteu ngawangsul ku isin, ngan ki Mantri djuru djurung padjarangan.

9. Piundjuk ka Sang Pinutra, amung raos djisim abdi, djadi naha mun gamparan, teu njorang prihatos galih, awit ku Arja Patih, djisim abdi katalandjur, moal njangking agama, kaom nabi anu sutji, eta kitu emutan djisim abdi mah.

10. Ngandika Sang Radjaputra, ka Mantri kamar wěrědjit, atuh kula nuhun pisan, dianggo kabungah galih, nganpikir kula kula leuwih, hajang geura-geura wangsul, ka nagara Riskomar, malah lamun para mantri, ngidinan mah kaula wangsul ajeuna.

11. Pinasti kaula mulang, sarĕng ieu paman Patih, ka dajeuh nagri Riskomar, bali geusaning ngadjadi, ngawangsul Mantri Ginggi, rebu-rebuning panuhun, gamparan ulah waka, kana hojong enggal mulih, kĕdah ngantos Sang Adjĕng Ratna Suminar.

12. Sarĕng dua pěrkawisna, tina margi djisim abdi, ngĕmban timbalan Sang Ratna, ngabantun sĕrat ka Gusti, Maha Ratu Saksari, badaratna nu kaemut, kědah hatur-uninga, jen andjeunna nudju linggih, di Sirkawur djěro dunja kamanusaan.

13. Sarĕng timbalan Sang Ratna, dikědahkeun Kangdjĕng Gusti, Sang Sri Maha Saksaria, Ratuna ieu nagari, kĕdah ngagĕm agami, kaom sutji elmu luhung, kitu dawuhanana, malah ajeuna sim abdi, bade tĕras ngadeuheus ka Sang Sri Nata.

l4. Saur Sang Purnama Alam, nja heug bae Mantri Ginggi, ngadeuheusan ka Sang Radja, ramana Nji Ratu Putri, ulah ngĕngkekeun deui, supajana gantjang putus, Mantri Ginggi teu lila, ka Sang Radja Putra pamit; tĕras mios ti gědong Karangkamuljan.

15. Sang Radjaputra Purnama, sarĕng Patih para mantri, nu kantun di djěro guha, sarta harita sajagi, kagungan Ratu Putri, tutuangeun hanteu suwung, ma'lum těmpat kadjinan, lir bedja tata sawargi, tara pisan sulaja tina panĕda.

16. Djadi Sang Radja Pinutra, hanteu aja damĕl deui, di guha karang panjiksan, ngan wungkul diiring-iring, ku kabeh para mantri, plĕsir di Bungbungümur, ningali kaajaan, kalangĕnan Ratu Putri, langkung matak ngagetkeun kana manahna.

17. Margi ku němbe mĕndakan, bandjarkarang kitu rupi, matak ngahegarkeun manah, salirik nu katingali, di djĕro guha tjandi, gantjangna anu ditjatur, tunda Sang Radjaputra, kotjapkeun Sang Sri Narpati,