Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/207

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

205

Saksaria Ratuna Tolongtĕlĕngan.

18. Waktu eta nudju lĕnggah, sarĕng sadaja bopati, sabawah nagara eta, kěmpělan di pantjaniti, ngabaris dina korsi, Ratu Saksaria njaur, ka sadaja dipatya, margina sadaja sami, para wargi ditěda kana lalĕnggah.

19. Maksad sumědja barĕmpag, supaja sami tingali, tina marga saawitna, dongkap Kumba Aringäring, Patih Ambarak nagri, ka guha si Bungbungümur, ngabantun hidji artja, anak Sang Pramajon Adji, eukeur baris siksaeun di padjarangan.

20. Amung sanggeus diteundeunan, ku artja bantunna Patih, eta Djurung-padjarangan, djadi sangar leuwih-leuwih, ratjun-ratjun wěrědjit, bubar kabur hanteu kantun, teu kuat kana artja, samalah-malah ngadjadi, djĕro kamar padjarangan djadi panas.

21. Hanteu beunang dideukeutan, tina panas taja tanding, malah Nji Ratna Suminar, ampir dirina balahi, saktina teu ngadjadi, ngilangkeun panas nu kitu, sarta pantona muka, artjana katembong sidik, djeung rupana kasep endah taja bangsa.

22. Sadjěro dunja kadjinan, gaduh rasa mun ngilari, anu nandingan rupana, estu moal bisa manggih, malah-malah si Njai, kamashur ku tina pĕngkuh, tampikan taja bangsa, meureun sadaja tingali, kana tata adat Nji Ratna Suminar.

23. Tapi ari ku eta mah, leungit kapĕngkuhan tadi, kadujung ku rupa artja, djeung sasambat bari tjeurik, tjara nu nandang lali, hanteu beunang dililipur, sartana hanteu beunang, dibawa balik ka nagri, batan daek anggur rek ngamuk tekadna.

24. Ajeuna ge masih aja, si Njai di guha tjandi, ĕnggeus sataun lilana, ka dajeuh teu balik², didjaga ku pramantri, nu aja di Bungbungümur, ari arek dipaksa, dibawa ti guha tjandi, inggis tĕrus ngaruksak Tolongtĕlĕngan.

25. Ari diantěp karěpna, tjitjing dina guha tjandi, ma'lum puguh leuwih mĕlang, ku sabab eta pamugi, sadaja para wargi, manawi aja nu sanggup, ngalělědjar pikirna, ku pituah geusan eling, atawana njingkahkeun eta artjana.

26. Barang tamat Sang Sri Nata, wawarti ka prabopati, sadaja ngawarangsulan, sami teu wantun ka Putri, aringgis djol mĕuntjit, atanapi djol ngaringkus, lĕbĕt kana siksaan, aringgis tĕrus digiling, atawana dikampa didjieun minjak.

27. Kitu wangsul sadajana, tina teu wantun ka Putri, margi tarĕrang adatna, keur bĕngis kawuwuh sakti, Sang Adjĕng Aju Putri, gantjangna anu ditjatur, barang keur gunĕm warta, sadaja para bopati, Mantri