Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/208

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

206

Ginggi ĕnggeus dongkap ka pamĕngkang.

28. Katingal ku Sang Sri Nata, eta Ki Mas Mantri Ginggi, digupaj dihiap-hiap, Mantri Ginggi hanteu lami, njĕmbah pajuneun Gusti, gantjangna Radja ngadawuh, ka Mantri Padjarangan, eh Mantri kamar wĕrĕdjit, naon maksud nu matak ka dieu datang.

29. Bĕt kawas meunang titahan, anu pĕrlu leuwih², ti Njai Ratna Suminar, njĕmbah ngawangsulan Mantri, pěrkawis abdi Gusti, ngĕmban dawuhan nu estu, ngabantun ieu sĕrat, bade ka Dampal Djěng Gusti, ti kĕrĕsa Putri Sang Ratna Suminar.

30. Hanteu lami eta sĕrat, ditjandak ku Sang Narpati, diaos kieu ungĕlna, kondjuk klajan pangabakti, ing pangkon Kangdjĕng Gusti, Ratu ing rat Bumi pitu, nagri Tolongtêlêngan, kaulanun abdi Gusti, bakti sĕrat sumĕdja undjuk uninga.

31. Wirehing waktos ajeuna, abdi Gusti nu sajakti, di dunja kamanusaan, di Rěsi Dewi Pramanik, dupi nu djadi margi, wireh maksad ngalap elmu, haliah kasampurnan, bagbagan agama sutji, sarĕng rukun papagon ti kanabian.

32. Kalajan laksa paněda, asihing panggalih Gusti, paduʻa kawiludjěngan, kalajan padang ing ati, njari di sanubari, titisan elmu nu luhung, pokoning kadewian, kasampurnan lahir-batin, kasinungan ku rasa kabatarian.

33. Malah Gusti kĕdah pisan, waktos ieu lĕdjar galih, ngagĕm rukun kasutjian, sarĕng sadaja bopati, sugri bibit para djin, sapangkon Gusti nu estu, saha-saha nu baha, tinangtos ku abdi Gusti, dihukuman nu nista potong beuheungna.

34. Sumawontĕn wadya-balad, upami hěnteu malikir, kana ngagěntos agama, sawĕngkon pusĕring bumi, pasti ku abdi Gusti, dibasmi dongkap ka tumpur, moal aja sirungna, diabrik diběrik-běrik, sanggĕm seep dina sabědug lamina.

35. Ku margi eta sumangga, galih anu lintang lantip, mana nu bade ditjandak, mĕnggah kalĕdjaran galih, sakitu abdi Gusti, piundjuk anu satuhu, sarĕng diiring sĕmbah, bakti sudjud abdi Gusti, di Sirkawur pun Adjĕng Ratna Suminar.