Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/209

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Putjung

l. Saparantos maos sĕrat Kangdjĕng Ratu, langkung ngadjĕnghokna, sakědap ngahulĕng bae, teu ngandika bawaning tunggara manah.

2. Lami-lami ka para bopati njaur, tjoba ku sadaja, para tumĕnggung dipaten, ieu sĕrat waratja masing kamanah.

3. Hanteu njana Nji Ratna Suminar suwung, di Karang Panjiksan, sugan temah aja bae, bĕt ajeuna geus aja di kamanusan.

4. Keur ngaguru ka Batari anu luhung, Dewi kamanusan, Pramanik djĕnĕnganna teh, nu dialap guru ku Ratna Suminar.

5. Tapi nuhun tanda djědjěm njiar elmu, geusan kasampurnan, bagbagan kaom nu sae, nu kasĕbat agama di kasutjian.

6. Tapi aja anu bakal matak bingung, nu taja tandingna, kana sadjĕroning hate, tina sabab Nji Ratna Suminar nitah.

7. Sarerea kudu make kaom kitu, saha anu baha, tangtu dihukuman bae, moal aja kana hampura timbangan.

8. Ari arek diturut da hanteu pĕrlu, ngaganti agama, ku teu aja hasilna teh, turug-turug bedjana beurat makena.

9. Ari hĕnteu diturut da teu kauntup, ngalawan ambĕkna, ka Nji Ratna Suminar teh, sakabeh ge tangtu tĕrang di adatna.

10. Tina margi eta tjobi něda rěmpug, mupakat sadaja, para tuměnggung dipaten, sae mungpang atawana sae sadrah.

11. Sadajana sami ngawangsul ka Ratu, mung sadaja-daja, ngiringan sakĕrsa bae, kitu saur para dipatya aria.

12. Malah² rêmpag sadajana ratu, bawaning sieunna, ku Sang Adjěng Aju Putren, sami sadrah ngambangkeun kana kĕrsana.

13. Tina margi kemutanana nu estu, sanadjan rek baha, da puguh eleh kasakten, taja pikeun tanggĕlan baris ngalawan.

14. Maranahna djeung tinimbang adjur lampus, ku Ratna Suminar, anggur mĕnding pasrah bae, kana njěkěl agama di kasutjian.

15. Hanteu lami Ratu Saksaria njaur, nja ari rĕmpag mah, sadaja para dipaten, haju bae rĕmpugan sakahajangna.

16. Barang ĕnggeus njaur ka para tumĕnggung, seug deui ngandika, ka Ki Mantri djuru kuntjen, hanteu njana balukar kieu buktina.

17. Reudjeung naha maneh hĕnteu buru², ka kami bebedja, sakitu geus lilana teh, jen euweuhna Ratna Suminar ti guha.