Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/210

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

208

18. Euweuh mantri ka kami anu piundjuk, tjing naon sababna, anu matak kumawanen, ngadjalankeun pĕrtata kataledoran.

19. Mantri Ginggi ka Ratu njĕmbah ngawangsul, sarta nandang reuwas, kaulanun abdi Gusten, sanes pisan midamĕl kataledoran.

20. Amung margi abdi Gusti anu istu, teu aja di guha, ngiring Sang Adjĕng Pinutren, djĕngkar ngambah sawěngkon kamanusaan.

21. Malah-malah abdi-abdi nu dikantun, para mantri guha, ku kĕrsa Sang Adjĕng Putren, samemehna djĕngkar tina djĕro guha.

22. Didawuhan ulah aja anu gěruh, wantun arundjukan, mĕnggah ka dampal Pagusten, kitu asur Sang Adjĕng Ratna Suminar.

23. Margi eta Gusti anu langkung maphum, putra Adjĕng Ratna, sakalintang matak sĕber, nu undjukan dihukum pati kantĕnan.

24. Hanteu lami mariksa deui Sang Ratu, kumaha asalna, Njai Ratna Suminar teh, anu matak lolos ka dunja manusa.

25. Mantri Ginggi ngawangsul deui ka Ratu, ngundjukkeun asalna, Sang Adjĕng Ratu Pinutren, tina awit tapakur di Padjarangan.

26. Sarta aja saur ilapat karungu, miwarang neangan, Dewi Pramanik kasiten, anu bakal nulung kana kahojongna.

27. Dongkap kana tĕpang di Gunung Binarum, taja nu kaliwat, dongkap ka gunung patanen, dipiundjuk ku Mantri ka Sang Sri Nata.

28. Ratu langkung kagetna barang ngadangu, lalakon Sang Ratna, ku tina leber wawanen, wani ngambah sawĕngkon buana alam.

29. Ladjěng deui mariksa Sang Maha Ratu, kumaha tulujna, babatang Arja Kumba teh, saĕnggeusna dibawa ka patanian,

30. Mantri Ginggi tumĕras deui piundjuk, hal Aria Kumba, bade didaměl parepeh, dina djěro kamar Djurung-padjarangan.

31. Dongkap kana gugahna Pangeran Sunu, ngahampura Kumba, teu tjios kanggo parepeh, ku pangěrsa Sang Putra Purnama Alam.

32. Ratu wuwuh kagetna lĕbĕting kalbu, jen Purnama Alam, waras aja di kaputren, sarta Kumba geus anut djadi rentjangna.

33. Ratu njaur sarta bari minděl kalbu, pasĕmon kewuhan, ka Ki Mantri djuru kuntjen, tangtu tiwas guha Karang panjiksaan.

34. Diajaan manusa anu teu anut, geus pinasti sangar, těrkadang baruntak bae, moal beunang dipake kana hukuman.

35. Tina sabab waktu ajeuna teh kudu, Mantri Padjarangan, ajeuna ulah talangke, Ki Purnama pindahkeun ulah di guha.

36. Kudu bawa ka dieu sing buru-buru, teu daekeun paksa, ku para mantri sakabeh, tina guha bandjar karang panjiksan.