Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/211

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Asmarandana

1. Hanteu lami Mantri Ginggi, ngawangsul ka Sang Sri Nata, pĕrkawis sim abdi Gusten, sumĕdja kumambang pisan, amung saupamina, Sang Pinutra hĕnteu purun, abdi Gusti teu tiasa.

2. Maksa miwah tanpi titi, kalintang hanteu wantunna, bilih kuma onam bae, wirehing nampi dawuhan, ti kĕrsa Adjĕng Ratna, Sang Radja Purnama Sunu, kĕdah tětěpkeun di guha.

3. Sri Maha Ratu Saksari, ngahulĕng hĕnteu ngandika, bawaning ku sumpĕg abot, ngadangukeun piundjukna, ki Mantri Padjarangan, lami-lami seug ngadawuh, ka sadaja pradipatya.

4. Tjing atuh sadaja wargi, něda pirěmpag hal eta, sae gugu sae ĕntong, parentah Ratna Suminar, eta Purnama Alam, jen kudu di Bungbungümur, di gědong karang kamuljan.

5. Para tumĕnggung bopati, ngawangsul sadaja-daja, ngiringan pangěrsa bae, alihkeun ti karangděnda, bok bilih djadi matak, sangar guha Bungbungümur, tangtos tjambal pangaruhna.

6. Mung kĕdah heula wawarti, ka Adjĕng Ratna Suminar, samemeh dialihkeun teh, bilih djadi kabĕnduan, ngarěsak ka sadaja, Ratu Saksari ngadawuh, kitu ge nja rĕmpug pisan.

7. Ngan ajeuna Mantri Ginggi, buru-buru ulah ĕlat, kudu indit deui bae, ka Njai Ratna Suminar, pĕrluna mawa surat, Ki Mantri njĕmbah ngawangsul, njumanggakeun ka Sang Radja.

8. Teu lami Maha Narpati parantos midamĕl sĕrat, těras dipasihkeun bae, gantjangna nu ditjarita, Ki Mantri Padjarangan, njĕmbah amit ka Sang Ratu, tĕras mios ti pamĕngkang.

9. Asup kana guha deui, maksadna něpangan heula, ka Sang Pinutra Raspaten, teu lami ka guha dongkap, ngadeuheus ka Sang Putra, masih keneh nudju kumpul, para mantri sadajana.

10. Mariksa Nurasadjati, ka Ki Mantri Padjarangan, kumaha Maha Narpatos, ka Mantri dawuhanana, kira aja sadrahna, kana kahojong Ratnaju, kĕdah ngagěntos agama.

11. Teu lami ngawangsul Mantri, pěrkawis Maha Narpatya, parantos kĕrsaeun oge, kana ngagĕntos agama, samalah sadajana, para bopati tumĕnggung, margi nudju magĕlaran.

12. Sadaja taja nu mungkir, kana kahojong Sang Ratna, njangking

Purnama Alam I — 14