Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/212

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

210

rukuning kasutjen, Sang Radja Putra ngandika, sukur ari kitu mah, tawis sami wĕning kalbu, para bopati Tolĕngan. 

13. Ki Mantri piundjuk deui, mung aja dawuhanana, Djĕng Gusti Maha Narpatos, mĕnggah ka lĕnggah gamparan, ulah linggih di guha, memeh sumping Ratna Aju, kitu dawuhan Sang Radja. 

14. Margi parantos tingali, Radja ka lĕnggah gamparan, margi ku abdi pribados, diundjukkeun ka Sang Radja, nalika ngadeuheusan, jen gamparan anu estu, damang tina djadi artja. 

15. Kĕrsa hanteu kĕrsa misti, kĕdah ngalih ka pamĕngkang, saur rama Sang Narpatos, Purnama Alam mariksa, ka Mantri Padjarangan, naha aja basa kitu, daek teu daek dipaksa. 

16. Pindah kalawan dimisti, teu meunang sakarĕp kula, tjara ka babandan bae, tjing kula menta sababna, nu matak kitu basa, sabab moal tambuh-tambuh, nitah pindah djeung pamaksa. 

17. Ngawangsulan Mantri Ginggi, ka Sang Pangeran Purnama, diundjukkeun hanteu geseh, sadawuhan Sang Sri Nata, nu djadi marga kĕdah, ngalih tina Bungbungümur, bilih matak djadi sangar.

18. Sanggeus Sang Nurasadjati, ngadangu kitu margina, nu matak kĕdah ngalih teh, mesěm djeung těras ngandika, ka Mantri Padjarangan, mun kitu kula teu pĕrlu, pindah tina ieu guha. 

19. Risi ĕnja matak djadi, raga kula watĕk sangar, sieun sangar ka karaton, sarta ka para ponggawa, wantuning sadajana, saeusi bumi ping-pitu, tatjan anut djeung kaula. 

20. Tinimbang kaula sudi, kana pindah ka pamĕngkang, leuwih hade rek ngaleos, ka luar ti ieu guha, djeung paman Arja Kumba, ki Mantri Ginggi ngawangsul, djeung langkung pasĕmon reuwas. 

21. Gamparan pamugi-mugi, ulah ngadolos pangěrsa, bĕndu dumugi ngalolos, margina tinangtos pisan, upami kajaktosan, gamparan kěrěsa kitu, djisim abdi anu tiwas. 

22. Ku rai Sang Adjĕng Putri, kenging hukuman nu beurat, margi eta laksa-kĕten, pamugi kĕrsa gamparan, agung² kawĕlas, ka diri abdi nu estu, bok bilih pinanggih bahja. 

23. Sang Putra mesĕm ngalahir, nja ari matak susah mah, sieun hukuman Sang Putren, kaula ge moal waka, njingkah ti ieu guha, ngan ajeuna Mantri kudu geuwat ka Ratna Suminar. 

24. Bedjakeun kula rek balik, tina sabab hěnteu meunang, tjitjing lila di guha teh, nja eta bisi baruntak, ku sangar diri kula, ki Mantri Ginggi ngawangsul, djeung pasĕmon leuwih bungah.

25. Nuhun gamparan migalih, ka djisim abdi miwělas, teu tjios kĕrsa