Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/214

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

212

gah katumutan hate, ka kěrsa Pangeran Putra, malah waktos ajeuna, pikir djudjur kana tumut, langkung ti kakang Aria.

39. Sang putra mesěm ngalahir, nja sukur ari kitu mah, sami pada welas abot, sadaja ka diri kula, ku sabab eta muga, mulus lulus tur rahaju, langgěng nandang kawalujan.

Dangdanggula

1. Radja Putra tětěp bae linggih, geus diangkěn ku pramantri guha, eta Sang Pangeran Anom, Sri Nata Bungbungümur, Maha Ratu Nurasadjati, malah-malah harita, taja nu ditunggu, Saksari Ratu Tolěngan, diajonan mun datang kalawan běngis, mindahkeun tina guha.

2. Tunda heula Ratu Nurasdjati, kotjap deui para putri dua, Pramanik djeung Sang Pinutren, masih aja di gunung, waktu eta nudju lalinggih, ngarendeng dina dipan, sami guněm saur, Arja Langlangturna aja, djeung garwana Siti Turnia teu těbih, majun ka putri dua.

3. Hanteu lami Sang Dewi Pramanik, těras njaur ka Ratna Suminar, eh aji Ratu Pinutren, atjeuk teh sakalangkung, nandang heran ku paman Ginggi, naha nu matak ělat, masih tatjan tjunduk, palangsiang meunang sabab, anu bakal ngadjadi geusan prihatin, ka Mantri Padjarangan.

4. Hanteu lami ngawangsul Sang Putri, atjeuk mugi ulah sěmang manah, ku margi rai tinangtos, upami hěnteu tjunduk, Mantri Ginggi di ieu sasih, rai mios njusulan, ka bumi pingpitu, saupami pangělatna, taja sabab ngan lantaran ku mělětjing, ku rai dihukuman.

5. Atanapi ku Djěng Rama Gusti, dibinasa Mantri Padjarangan, dumeh ngabolos ngaleos, ninggalkeun kamar ratjun, Kangdjěng Rama ku rai pasti, katut bawahanana, dibasmi ditempuh, diseepkeun sadajana, Sang Pramanik ngadangu tjarios Putri, imut bari ngandika.

6. Edas bae ari anu sakti, sumawonna ku bangsa nu lian,,kolot ge rek dikorojok, atjeuk mah estu paur, sasarěngan sinarěng aji, aringgis di ahirna, atjeuk njorang luput, kawantu bangsa manusa, kudu bae katěrapan ati lali, enggoning kaluputan.

7. Geus pinasti ka atjeuk teh aji, moal aja hampura timbangan, kadangkala djol bělědog, turug-turug kasebut, ku babasan anu geus galib, saherangna tjibeas, pikiran ka maru, sakitu atjeuk karempan, wantu-wantu atjeuk mah djělěma laip, bodo taja kabisa.

8. Ratu Putri ngadagu panglahir, langkung² ngadjěngok manahna,