Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/215

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
213

dumugi ka ngorokotoj, reuwas tjampur kaduhung, risi kěbat Dewi Pramanik, kagungan manah hangham, ka Sang Rětna Aju, ku marga kitu adatna, hanteu lami sudjud ka pangkon Pramanik, Putri Ratna Suminar.

9. Bari njaur duh atjeuk pamugi, ulah aja panggalih nu rempan, menggah ka rai pribados, sumpah naruhkeun umur, saupami di awal-ahir, rai awon pikiran, lampah kumawantun, ngalawan ngahina basa, mugi rai ulah djamuga nja diri, dunja dugi aherat.

10. Sumawontěn měnggah rai nampi, saur awon anu lintang nista, ka diri rai pribados, nadjan kěrsa ngabunuh, rai sadrah ati běrěsih, tina marga emutan, ka atjeuk nu estu, miwah sumpah ka Pangeran, rai sědja ngangkën guru lahir-batin, numutkeun sapangěrsa.

11. Sang Pramanik ngadangu Sang Putri, langkung² nambahan kawělas, sartana ladjeng njarios, eh Adjěng atuh nuhun, galih lěmbek sarta běrěsih, ka atjeuk anu hina, kěrsa ngangkěn guru, ngan atjeuk taja pětana, dipiguru da puguh bodo tur laip, bukti kieu sipatna.

12. Ngan atjeuk mah paněda ka aji, mugi² ulah kitu manah, ngadjudjur hawa nu awon, turug² ka sepuh, eta ulah estu pamali, těmahna mo' djamuga, měrgahala sepuh, sanadjan gagah pěrkosa, moal burung kaběndon tjambal nja diri, apěs pangawasana.

13. Sabab asup tjatjandran nu galib, guru, ratu, nu kudu disembah, sarta wong atua karo, eta geus djadi rukun, jen nětěpkeun hurmat djeung tadim, mintonkeun kasetyaan, tanda sudjud tumut, kana sakur pangěrsana, eta kitu Adjeng ulah lali², bilih aja těmahna.

14. Sabab urang geus tětěp djasmani, kamanusan lain sato hewan, kasinungan budi hade, kudu pisan kasurup, larap elmu anu sadjati, langgeng kasatiaan, sabar nu satuhu, tara běngis barangasan, tingkah polah didjaring ku ati wěning, ngalap karahajuan.

15. Ratu Putri ngadangu pepeling, bati isin marga ku kamanah, rumaos andjeunna awon, ngadjudjur teuing napsu, anu hanteu sareng pamilih, běngis tur barangasan, teu lami piundjuk, rai teh rumaos pisan, kirang titi kairid ku murka ati, ratuning kaawonan.

16. Mung ajeuna nuhun laksa-kěti, dikadarkeun ku Anu Kawasa, ku kěrsa atjeuk kagondeng, teu surud nampi wuruk, tawis wělas ka diri rai, měgatan kalepatan, nungtun ka rahaju, upami teu sasarěngan, sapaosna djongdjon nandjur murka ati, moal aja saena.

17. Eta kitu saur Ratu Putri, tina tawis langkung katiginan, ngalap bagbagan nu sae, gantjangna nu ditjatur, barang eukeur guněman warti, Mantri Ginggi harita, ka Sirkawur djěbul, dongkapna ti awang-awang, ěnggeus aja di pajuneun para Putri, njěmbah seug ngadeuheusan.