Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/216

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
214

18. Adjěng Ratna djeung, Dewi Pramanik, langkung gumira manahna, serewel njarěbat aeh, Ratna Suminar njaur, ka ki Mantri djuru, wěrědjit, eh paman naon sabab, bět kakara tjunduk, něpi ka aja bulanna, tjoba kula menta bedja anu sidik, lantaran paman ělat.

19. Mantri Ginggi ngawangsul ka Putri, rada galat djeung bari rumenghap, tina ku Putri dipěntjrong, tapi maksa piundjuk, teu kaliwat ku Mantri Ginggi, ti sabarang inditna, ti gunung Sirkawur, ngabantun. Aria Kumba, sarta něpi ka kamar tempat wěrědjit, guha Karangpanjiksan.

20. Diundjukkeun Kumba Aringäring, henteu tjios dihukumanana, lantaran tobat ngaděngek, sarta Pangeran Sunu, diundjukkeun ka para Putri, geus damang salirana lesot tina těnung, sehatna ku djerit Kumba, sarta pangna hanteu dihukuman pati, ditjaram ku Sang Putra.

21. Tatag titih undjukanna Mantri, sumawonna waktu ngadeuheusan, ka Sang Saksaria Katong, prabopati tuměnggung, dipiundjuk laluntur galih, rek sadrah ka Sang Ratna, bade gěntos elmu, nja eta salin agama, Ratu Putri sarěng Sang Dewi Pramanik, langkung bingah manahna.

22. Ratu Putri pok ngalahir deui, waktu ieu di mana lenggahna, eta Sang Pangeran Anom, Mantri Ginggi ngawangsul, linggihna teh di Bandjarsari, gědong Karangkamuljan, guha Bungbungümur, didjagi ku sadajana, abdi-abdi gamparan pun para mantri, kuntjen karang panjiksan.

23. Ratu Putri mariksakeun deui, ari eta si Kumba ajeuna, di mana ngadjědogna teh, Mantri Ginggi ngawangsul, dupi eta Aria Patih, tumut ka kérsa raka, ngagandek teu kantun, ngiring di Karangkamuljan, serah raga migusti lahir djeung batin, ka Sang Pangeran Putra.

24. Sarěng ieu ngabantun sim abdi, sěrat ti Sang Pangeran Pinutra, bade ka raka sajaktos, Sang Dewi Putri Wiku, badaratna anu katampi, saurna hatur salam, sinarengan mundut, pandunga kawiludjěngan, mung sakitu dawuhanana ka abdi, Sang Pangeran Purnama.

25. Sang Pramanik ngadangukeun Mantri, jen ngundjukkeun Sang Pangeran Putra, geus sehat tjara bareto, andjeunna langkung², nandang bingah dumugi nangis, murubut tjisotjana, djeung manah teu suwung, mudji sukur ka Pangeran, nganuhunkeun dikabul paněda galih, Radjaputra geus damang.

26. Hanteu lami Sang Dewi Pramanik, maos sěrat kintunan ti raka, ungělna anu kahartos, ingkang sěrat kahatur, ka pajuneun pandita istri, nu linggih di patapan, di gunung Sirkawur, marga kakang ngintun sěrat, taja sanes mung bade hatur tingali, tina kawiludjengan.

27. Sarěng kakang sarebu pamugi, něda dunga malar enggal², ka