Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/217

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
215

luar tina prihatos, sarěng mugi pisaur, ka kěrěsa Sang Ratu Putri, Adjěng Ratna Suminar, mugi buru², ngaluarkeun tina guha, hojong geura patěpang sarěng prawargi, djeung sěpah di Riskomar.

28. Sinarěng manawi tingali, ka pun bodjo Nji Dewi Kania, seuweu Sang Resi Pasantren, kumaha masih mangkuk, djeung di mana ajana deui, palangsiang sangsara, atawa teu puguh, ku margi eta pamuga, saupami patěpang pasihan warti, pun bodjo Nji Kania.

29. Jen pun kakang keur nandang prihatin, dina guha nagara kadjinan, něda didungakeun bae, geusan lulus rahaju, bisa tereh² nja balik, ka gunung Gurangsarak, pihatur sakitu, ka kěrsa Njai Pandita, mugi djěmbar maparin piwělas asih, baktos Purnama Alam.

30. Saparantos Sang Dewi Pramanik, maos sěrat ngawuwuh kewuhan, teras ka Putri njarios, sarta pasemon měsum, geura ieu aos ku aji, ungěl sěrat engkangna, tjing kumaha atuh, da atjeuk mah teu tiasa, wungkul tekad kumaha pangěrsa aji, dina waktu ajeuna.

31. Saupami ajeuna teh aji, kěrsa djěngkar rek njandak engkangna, atjeuk mah ngan både ngantos, di masigit Binarum, sarěng atjeuk sumědja titip, walěran ieu sěrat, ka Pangeran Sunu, didungakeun aji muga, abot manah kalajan kawělas asih, ka atjeuk anu hina.

32. Ratu Putri ngawangsul djeung nangis, tjumalimba njusutan tjisotja, atjeuk aji narah bae, ka kěrsa atjeuk ngantun, sumawontěn ka anu těbih, nadjan parěk satumbak, hanteu wantun ngantun, dupi sanes awit marga, ku kasisih dumugi pastining diri, papasten tilar dunja.

33. Tigin ati teu bade sumingki, sakawawa sumědja bumela, moal ka seeh ku wěleh, satungtung nja lumantung, raga odjah di alam lahir, malah² kemutan, anu dipituhu, ti dunja dugi aherat, mugi-mugi paněda ka Maha Sutji, teu pěgat sasarěngan.

34. Sang Pramanik ngawangsul ka Putri, atuh aji kumaha pětana, mo sae diantěp bae, ku aji teu dibantun, eta dina seratna geuning, engkangna mundut enggal, ku aji ditulung, kaluarkeun tina guha, Ratu Putri teu lami ngawangsul deui, mangga sarěng atjeuk mah.

35. Dupi margi ku emutan rai, hanteu kědah Sang Purnama Alam, ku rai dibantunna teh, ku Ginggi oge tjukup, kawuwuhan langkung pěrjogi, teu aja basa hina, ku Ginggi dipunggu, moal aja ragab rempan, tina margi ngemutkeun sami lalaki, Sang Dewi ngawalonan.

36. Aeh jaktos sugan teh teu pulih, galih lilir kana paharaman, mitjeun halal nu bareto, Ratna Suminar imut, bari tungkul semu nu isin, ngadangu tjariosan, raka Putri Wiku, silib-sindir ka andjeunna, seug ngawangsul rai nuhun laksa-kěti, ku atjeuk kamanah mah.