Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/218

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
216

37. Sang Pramanik gumuju ngalahir, balikanan mun teu kitu manah, tjiri agama teu netes, mung atjeuk mah panuhun, paman Mantri pamugi-mugi, mulang deui ka guha, ngadjagi Sang Sunu, sarěng atjeuk rek wěwěrat, ngintun sěrat ngawalěr parantos nampi, sěrat nu ti andjeunna.

Sinom

1. Sinarěng atjeuk wartosan, ungěl sěrat ti Sang Adji, teu lami Ratna Suminar, ngaos sěrat sarta tarik, pajuneun Sang Pramanik, ungělna anu kamaphum, Njai Ratna Suminar, santri Sang Dewi Pramanik, hal pěrkara surat ku ama katampa.

2. Ama leuwih nandang heran, lantaran Njai pribadi, lunta ti Karangkamuljan, ngalolos hanteu pupulih, taja titi panolih, ka sipat ama djeung ibu, lir rahkusumah, titisan bangsa narpati, anu njěkěl djědjěran karaspatian.

3. Padahal naon halangan, mun Njai satia ati, amitan heula ka ama, rek lunta njiar, pangarti, ama ge moal teuing, teu pulur kana ngadjudjur, kana sagala-gala, pikeun pangeusining ati, sipat mawat salamět dunja-aherat.

4. Tatapi mungguh ama mah, teu didjieun raheut pikir, nadjan Njai sakituna, ama teu pětot paměrdih, něda ka Mama Sutji, Njai mulus tur rahaju, tjaang padang pikiran, pangarti tereh sumari, sing kapipit tata sipat sadjatina.

5. Ngan Njai pamuga-muga, lamun geus tetes tumitis, paněmu anu utama, kudu gantjang-gantjang balik, sing aja tigin asih, njaah ka ama djeung ibu, sababna tangtu pisan, mun Njai ngaběrung pikir, salawasna lumampah sakama-kama.

6. Ama-ibu njorang bahja, moal walagri nja diri, lantaran nandang baluas, njoreang mělang ka Njai, kadangkala pinasti, diri ama reudjeung ibu, pědjah lantaran susah, mikiran anak sahidji, tangtu narik raraga kana naraka.

7. Djeung kadua pěrkarana, Njai ka ama měrědih, kudu ngaganti agama, njěkěl elmu kaom Nabi, ama maksud teh teuing, njagking elmu anu luhung, sandjan sarerea, para aria bopati, sawěwěngkon wadia bawahan ama.

8. Ka Njai rek nurut pisan, taja saurang nu mungkir, ngan supaja Njai geuwat, buru-buru kana balik, djeung ama rek pupulih, ajeuna di