Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/220

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
218

tutulujan, kana pusing murang-maring, ka Batara-Batari, nu bangsa luhung paněmu, atjeuk wuwuh risina, kawantu radjeun mepeling, salawasna ngan purah ngahalang-halang.

19. Kahajang atjeuk ajeuna, ieu paman Mantri Ginggi, sina těras deui mulang, ka bandjaran guha tjandi, dikědahkeun ngadjagi, ngiring Sang Pangeran Sunu, bok bilih kuma onam, Sang Putra hanteu diaping, ngawangsulan Sang Putri undjuk sumangga.

20. Těras Sang Ratna Suminar, ngandika ka Mantri Ginggi, eh paman Mantri ajeuna, kudu bae balik deui, bantun sěrat ka Gusti, badaratna mah panuhun, Sang Pangeran Purnama, kudu angkěn ku pangasih, sakumaha ka putra anu geugeuhan.

21. Malah ku kabeh ponggawa, sawěngkon pusěring bumi, sarta tangenkeun ku paman, saha-saha anu mungkir, těgěsna teu gumati, ka kěrsa Pangeran Sunu, pinasti ku kaula, ditibanan hukum pati, moal aja kana hampura timbangan.

22. Dewi Pramanik ngandika, ka Mantri djuru wěrědjit, ku paman emutkeun pisan, eta dawuhan Sang Putri, leuwih-leuwih mateni, mun taja nu sungguh², ngadjaga Sang Pinutra, tinangtu djin beak lědis, pada njebut ku watěk Radja Pinutra.

23. Kadangkala pada njapa, dipěrih sina balai, kudjin anu teu běrdosa, ku margi eta pamugi, ajeuna paman gasik, mulang ngadjagi Sang Sunu, djeung ieu putra wiat, sěrat ka gustining ati, nu ngageugeuh pangeusi Karangkamuljan.

24. Sang Adjěng Ratna Suminar, imut barina ngalahir, ka Ki Mantri Padjarangan, mangga atuh paman gasik, ajeuna bae indit, didoakeun muga mulus, nandang kasalamětan, njumanggakeun Mantri Ginggi, těras mios ka nagri Tolongtělěngan.

25. Tunda Mantri Padjarangan, něruskeun Sang para Putri, Dewi Pramanik, ngandika, ka rai Sang Ratu Putri, atjeuk arek měrědih, pikeun ladju nu rahaju, keur pilampaheun urang, da moal sae teh teuing, salawasna marunggon di pangalasan.

26. Kumaha rai pangěrsa, mupakatna nu sajakti, tětěp atawana ingkah, ti ieu gunung patani. lamun mupakat indit, ka mana anu didjugdjug, atjeuk arek ngiringan, ngawangsul Sang Ratu Putri, dupi raos rai mah manawi rěmpag.

27. Wireh rai gaduh tunda, anu tadi dipiwarti, Ratu nagari Banuja, djěněngan Sang Raraspedi, nudju nandang prihatin, dina těgal Sulungtubu, utusan Sang Ambarak, nangkěp Sang Pramajon Adji, mung teu tjios lantaran si Kumba pědjah.