Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/221

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
219

28. Mung tadi aja basana, waktos ditaros ku rai, maksudna malik ngalawan, ka Sang Putiasukmadji, ngan rada hěmar-hěmir, wantu² eleh djadug, ku Sang Putiasukma, ma'lum di adatna djalmi, sok pěrtjaja ka bedja nu tatjan njata.

29. Margi eta manawina, karěmpagan sarěng galih, sumangga ajeuna djengkar, urang angsonan sakali, supaja těrus wani, kana ngadeg djaja pupuh, ngajonan Sang Ambarak, ku rai bade diaping, Sang Banuja dina těngah danalaga.

30. Itung² njieun djalan, kana mangmalěskeun pati, nigas beuheung Sang Putia, djeung si Endang Rohongguris, anu ngadjadi awit, njangsara Pangeran Sunu, Sang Pramanik ngandika, atjeuk mah kumaha aji, ngan atjeuk mah ka aji aja paněda.

31. Lantaran atjeuk teu bisa, leumpang ngambahing wiati, kawantu sanes kadjinan, paněda atjeuk mah mugi, aji lir tata djalmi, angkat titih kadjeun ripuh, djalan raratan lemah, ngawangsul Sang Ratu Putri, menggah rai ngiringan kumaha kersa.

32. Sumawontěn ngambah lemah, ukur ngaping ngiring², sanadjan hojong uninga, pĕrdjalanan di wiati, ku rai teh pinasti, salira atjeuk dipunggu, Sang Pramanik ngandika, dibarung gumuju manis, masa Allah tjara waliwis djeung kuja.

33. Ah aji atjeuk ah narah, ditjandak ngambah wiati, bět asa ngaleuleuwihan, tina poko nu paranti, anu ěnggeus katjangking, bisa lumantung ku suku, hanteu pisah djeung lemah, ti barang gumělar hurip, nu dipaham raratan kamanusaan.

34. Ngawangsul Ratna Suminar, angkat ge rai mah ngiring, mung panuhun enggal², ngawalon Dewi Pramanik, mangga di dintěn endjing, ajeuna urang barěmpug, sinarěng paman Turna, tumaros dawuh mustari, sugan masih njangking bangsa palintangan.

35. Sang Dewi Pramanik těras, njarios ka Turna-Turni, paman ajeuna teh putra, sarěng ieu Adjěng Putri, sumědja bade amit, bade mios ka nu djauh, Sulungtubu ngaranna, něpungan hidji Bopati, Sang Sri Maha Ratu nagara Banuja.

36. Ku margi eta paněda, sihing galih paman jakti, pandunga kawiludjěngan, teu njorang geusan tjotjobi, sarěng pamugi-mugi, makbul sugri nu dimaksud, lesot ti marga lara, nu dipěrih siang-wengi, mugi-mugi panutan kasalamětan.