Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/222

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Asmarandana

1. Turna-Turni barang nguping, jen para Putri pamitan, duanana teu ngawalon, wungkul njusutan tjisotja, tina langkung těrěsna, sěsah ku arek dikantun, ka nu sakitu djauhna.

2. Aringgis teu těpang deui, lami-lami ngawanlonan, duh Adjěng para Pinutren, hate paman kantun susah, ku bade ditalilar, ka tětělar Sulungtubu, těmpat kaju Langlangsona.

3. Ngan wungkul měntěgěg ati, da njaram mah teu tiasa, puguh kasipat ku hate, ngemutkeun marga mangsana, uga waktu ajeuna, tuturan paněmu wiku, babaran ti paham adjar.

4. Mung ajeuna ati mukti, mědalkeun bangsa pandunga, něda ka Gusti Jang Manon, Pangeran nu murbeng alam, maparin karamatna, sipat waluja rahaju, laksana sugri pangěrsa.

5. Tapi paman ge pribadi, dina salěbět ditilar, ngadederek ku pangdenge, sarěng pangrasa ilapat, tanda-tanda adjěngan, geus lungsur kana rahaju, nandangan geusan waluja.

6. Tangtos paman indit sirib, nilar gunung pangěbonan, tanda tina geus tumete, watěs-wangěnna subaja, ukuran lalampahan, nja wangsul ka asal-usul, ka lěmah tjai sorangan.

7. Dewi Pramanik ngalahir, paman pěrkawis eta mah, ku putra ge geus kahartos, pang urang kieu nja lampah, sami² nandangan, njusul geusaning rahaju, milampah djalan tarekah.

8. Kairid ku bandjir lahir, katěbak ku lambak dunja, emutan wajahna bae, ngan sugan² ahirna, tumiba geusan mulja, lantaran tuhu miruruh, ngimeutan kasalamětan.

9. Sang Ratu Putri ngalahir, ah paman ulah tjangtjaja, marga kula ěngke oge, upama geus kasalsean, laksana pamaksadan, tangtu pisan buru-buru, paman ku kula dirawat.

10. Djeung lamun kula geus indit, ka tětělar Langlangsona, Mantri Ginggi djuru kuntjen, manehna ka dieu datang, tjaritakeun ku paman, kudu buru-buru susul, ka tětělar Langlangsona.

11. Gangtjangna anu digurit, Pramanik Ratna Suminar, saparantos tjatjarios. karulěm di pagulingan, ngantos poe isukna, katjatur geus waktu subuh, garugah sami ka djamban.

12. Hanteu lami para Putri, ngalahir ka Turni-Turna, putra darunga-