Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/223

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
221

keun bae, pamugi kasalamĕtan, sartana enggal², diturunan geusan wahju, laksana sapangarĕpan.

13. Turna-Turni bati tjeurik, bari teu pětot ngadoa, njalamětkeun nu rek mios, ngaos doa tulak bahla, djeung panjinglar parantjah, pokona mah tawil umur, ngarah pandjang rahajuna.

14. Ladjĕng djengkar para Putri, njonggeang mudun ka lĕbak, nudju ka pangawat kaler, ngaliwat tětělar datar, djungkrang lamping kasorang, nudju ka leuweung nu liwung, naradjang těgal nu lenglang.

15. Djurig² pada njingkir, setan-setan lalumpatan, onom mah ngan bati njěmpod, serabeun ku pangabaran, para Putri nu angkat, hanteu suda hanteu ripuh, dibarung ku pangawasa.

16. Para Putri ĕnggeus těbih, angkatna tjarang lirenna, lamina geus tudjuh poe, dongkap ka hidji těgalan, lenglang taja kaian, datar tjara, alun-alun legana tuna paningal.

17. Djongdjon angkat para Putri, nudju ka těngah tětělar, sarta mangsa tengah poë, tapi teu ngaraos panas, lantaran ku maunat, nu majungan kuwung-kuwung, kalang anu ngahalangan.

18. Kana těngah těgal sumping, bět aja hidji walungan, ngudjur ti wetan ka kulon, tjaina herang katjida, tjara tjai saringan, praputri liren teu ladju, ku ningal tjai walungan.

19. Katingali aja leuwi, semu nu langkung djěrona, tjaina dumugi hedjo, Pramanik Ratna Suminar, ngaranděg di sisina, emutanana rek antjrub, kersa ngarumbah sampean.

20. Tatapina para Putri, lalungsur teu katjiosan, lantaran marĕndak kaget, anu teu aja hinggana, wireh aja paměndak, ti djĕro leuwi ngurumuj, ka luar tina dasarna.

21. Dua awewe rarintit, sapasang tjara nu kĕmbar, kulit harideung lir mehong, huntuna tonggar barodas, sarta barang bidjilna, djol gabrug ka Putri Wiku, sudjud kana sampeanna.

22. Bari njĕbut aduh Gusti, ratuning nu dipikiblat, djisim abdi laksa kěten, marga tina kanuhunan, laksana nu ditěda, kenging ngalĕngkur tapakur, něněda ka para Dewa.

23. Měrih Batara-Batari, mutang ka para Sangiang, paněda maksad tiněmon, kalajan lĕnggah gamparan, ajeuna ninggang kadar, hasil anu dipituhu, patěpang sareng gamparan.

24. Pramanik hanteu ngalahir, deudeupeun langkung kagetna, malah barang dirangkul ge, Sang Pramanik reuwas ngědjat, ningal nu kitu pěta, turug-turug pande kitu, saumur kakara měndak.

25. Bidjil tina djĕro tjai, kamanah tangtu siluman, nu bakal narik