Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/224

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
222

tjotjoge, sipat gogoda rantjana, Sang Pramanik ngandika, ka rai Sang Adjĕng Ratu, tjobi ku rai pariksa.

26. Lantaran atjeuk teu ngarti, pang milampah kitu pěta, ka atjeuk sudjud ngarontok, kawas nu aja asalna, geusan kaprihatinan, teu lami Sang Putri njaur, ka eta dua silĕman.

27. Tandang dangah sarta bĕngis, teureugeus taja karempan, mariksa ditompo-tompo, maneh teh bangsa silĕman, atawana manusa, reudjeung naon nu dimaksud, anu matak kitu pěta.

28. Tjoba ka aing pupulih, nu djadi asal-usulna, kade ditjampur ku linjok, reudjeung saha sia ngaran, enggal nu dipariksa, ka Ratna Putri ngawangsul, sarta teu kira hurmatna.

29. Hal perkawis diri abdi, kasĕbat bangsa siluman, dupi ngaran nu sajaktos, abdi katělah, Manetja, dupi wasta ieu mah, pun adi Manetji estu, dulur saindung-sabapa.

30. Djadi Manetja Manetji, tina margi sakĕmbaran, pun bapa pangkat Narpatos, Sagara-keusik nagrina, Ratu Putri ngandika, oh paingan goreng patut ari anak siluman mah.

31. Tapi naon anu djadi, lantaran pang kieu lampah, Manetja těras ngawalon, dupi abdi saawitna, pang kieu lalampahan, sabada pun bapautjul, tina karadjaanana.

32. Anu ngagěntos Narpati, pun lantjeuk Maha Rundjana, njěkěl turunan ti kolot, amung Sang Ratu Rundjana, tatjan kagungan garwa, baris wawangen kadatun, pangkat ka Prameswarian.

33. Teu lami Sri Maha Adji, harita těras ngalamar, ka hidji putri Narpatos, Gujunglimbu nagarana, Putri ti Prameswara, mashur tina patut sĕmu, didaměl kěmbang Paměngkang.

34. Putri Endang Rohongguris, Sang Burusganur ramana, amung barang dilamar teh, Rohongguris hĕnteu nampa, nampik sapadjodogan, djĕbras-djěbris djeung tjumiduh, ngahina ka Sang Rundjana.

35. Bari njĕbut nad jis teuing, dikawin ku nu godegan, da hajang ka nu bolostrong, pun Rohong kitu sanggěmna, ka Sang Ratu Rundjana, taja pipinding pangěmu, kontan di pajuneunana.

36. Atuh Sang Rundjana Adji, langkung tina baluasna, ku nampi omong Nji Rohong, bawaning dianggo manah, těrasna kalělěban, teu damang dumugi ngangluh, ampir nilar padamělan.

..