Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/225

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Dangdanggula

1. Hanteu lami Sang Rundjana Adji, miwarangan ka abdi duaan, milari djampe pamake, ka bangsa wiku², atanapi adjar djeung rěsi, baris kias tarekah, sipat gěndam dujung, anu dipalar laksana, Maha Ratu Rundjana ka Rohongguris, kabandang djadi garwa.

2. Tina langkung hawatosna abdi, ka salira pun lantjeuk harita, nja těras duaan mios, dupi anu didjugdjug, hidji gunung patapan rěsi, pandita kamanusan, djagat madhab kidul, pandita kongas waspada, kakasihna Sang Rěsi Komartohidi, patapan Ragatoja.

3. Hanteu lami ka patapan dugi, těras bae abdi ngadeuheusan, sarta Sang Rěsi marios, naon anu dimaksud, pang maraneh datang ka kami, ku abdi diwangsulan, sakumaha maksud, diundjuk tina awitna, njiar burat sipat pangirut-pangurit, babaran kinasihan.

4. Saur Rěsi hanteu bisa kami, kana bangsa djampe djangdjawokan, elmu pangěmat pamelet, ngan kami arek nulung, mangnuduhkeun supaja hasil, ku maraneh lampahan, sarta buru², djugdjug gunung Gurangsarak, těmpat Rěsi ngaran Pasantren Pramanik, djěněngan Wiku Kurbah.

5. Eta Wiku kagungan sahidji, putra istri djěněngan Kania, lalanden urang pasantren, eta putri teh kudu, beurang-peuting ku maneh aping, tapi ulah katingal, ku Nji Putri Wiku, sumawonna ku nu rea, engke lamun geus sumping putra Narpati, Pangeran Purnama Alam.

6. Ku Manetja kudu geuwat aping, nu djěněngan Sang Purnama Alam, Manetji ngaping Sang Putren, ěngke lamun geus těpung, Radja Putra djeung Njai Putri, duanana kedanan, sarta pada ngangluh, sami marědal tjisotja, ku Manetja reudjeung ku ieu Manetji, tjisotjana tandean.

7. Djeung wadahan kana ples nu leutik, saěnggeusna ku maraneh bawa, tjisotja Pangeran Anom, ulaskeun ka Sang Ratu, kana taar masingna lantis, sarta kana rumbahna, djeung tungtung pangambung, ari tjisotja Kania, heug ulaskeun kana beungeut Rohong Guris, malar dina ahirna.

8. Rohongguris upami ningali, ka Rundjana tangtu kaedanan, lir, Kania ka Sang Anom, Sang Ratu mah geus puguh, eukeur dasar bogoh ti tadi, katambah dikiasan, beuki komo tangtu, kitu saur Sang Pandita, hanteu lami abdi teh ti dinja amit, ku Rěsi kawidian.

9. Těras abdi ti patapan indit, djeung pun adi hanteu pisan pisah,