224
saban pasantren dilongok, enggalna abdi tjunduk, tina leukeun ku dipilari, pasantren Gurangsarak, abdi sup ka tadjug, taja santri anu ningal, waktos eta abdi raga djirim lantip, marunggon dina bongbak.
10.Abdi lami di pasantren tjitjing, teu kaetang taunna winduna, Sang Putri ge burěj keneh, kintěn juswa sataun, lami-lami gurudag sumping, putra Ratu Riskomar, nu kasep pinundjul, kěrsa masantren di dinja, těras bae Sang Radja Putra ku abdi, teu pisan dianggangan.
11.Dupi ieu pun adi Manetji, nja gamparan anu diapingna, siang-wěngi hanteu lesot, wuwuh gamparan nudju, waktos eta ěnggeus birahi, sěděngna kabalegan, mustika pamulu, nalika gamparan těpang, sinarěngan Sang Putra anu raspati, di karang patamuan.
12.Abdi ningal nu sami sarasmi, duanana sami kalělěban, putra-putri hěnteu geseh, ngangluh pada kairut, sami² bidjil tjitangis, ku abdi ditandean, ku kapas djeung tjupu, dumugi kana nalika, gamparan teh diusir ku maha Rěsi, lantaran aja pitnah.
13.Waktos eta gamparan teh nangis, těras djěngkar ditundung ku rama, ka bumi karang patamon, ngadeuheus ka Sang Sunu, barang těpang sami narangis, gamparan djeung Sang Putra, ku abdi teu suwung, tjai sotja ditandean, pinuh soteh tabuh gěněp endjing², bubar kaprihatosan.
14.Saparantos abdi těras indit, gagantjangan wangsul ka nagara, barang dongkap ka karaton, ngadeuheus ka Sang Ratu, saur Ratu bět lila teuing, diitungna ku kakang, tudjuh bělas taun, enggalna ku abdi těras, eta landong diulaskeun sarěng lantis, kana raraj Sang Radja.
15.Ënja eta tjisotja nu kenging, tina sotja Sang Purnama Alam, kana taar kana djanggot, teu lami abdi těrus, ti nagara arindit deui, kana pusěr sagara, nagri Gujunglimbu, nja eta anu dimaksad, bade ngulas beungeut Endang Rohong Guris, ku tjisotja gamparan.
16.Amung langkung nandang heran abdi, barang dongkap ka pusěr sagara, Gujunglimbu narikolot, Sang Ratu Burusganur, sinarěngan Nji Rohongguris, malah² patihna, ngaran Barakgirung, teu aja duka ka mana, anu kantun wungkul rajat abdi-abdi, anu masih araja.
17.Rohongguris hantěm dipilari, di kaputren těras ka paměngkang, suwung saeusi karaton, panto-pantona nutup, tina wěleh abdi milari, nja těras bae mulang, bari nandang bingung, tatapi abdi harita, hanteu těras wangsul ka Sagara-keusik, maksad ka Ragatoja.
18.Nu dimaksad bade naros deui, ka kěrěsa Rěsi Ragatoja di mana si Endang Rohong, teu lami abdi tjunduk, ka Sang Rěsi Komar Tohidi, undjukan sapaměndak, ngandika Sang Wiku, pěrkara Rohong ajeuna, moal bisa ngabedjakeun mungguh kami, Rohongguris ajana.