Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/230

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

228

12.Gantjang ngawangsul Manetja, hal pěrkawis gamparan sěsah galih, ku margi kědah ditěbus, panadjěm pěrtuduhan, tina margi abdi hěnteu barang bantun, uang atanapi barang, amung hanteu sěsah abdi.

13.Margi parantos biasa, panadjěm teh aja dua pěrkawis, upami anu teu gaduh, barang atawa uang, ku tanaga kumawula nu satuhu, ngadjaga sapiwarangan, migusti lahir djeung batin.

14.Tina abdi kajaktosan, ngaligintjing kantun diri nu bukti, mung maksud anu satuhu, kana marga laksana, sapangdawuh bade kumurěb tumutur, minangka něbus ku njawa, tigin ngadjait ku pati.

15.Ajeuna mah nja sumangga, ku gamparan engal² piwarti, ajana Sang Burusganur, Ratu Putri ngandika, si Manetja aja hodjah arek nipu, menta dibedjaan heula, ajana si Rohongguris.

16.Kudu maneh nu ti heula, kumawula ngiring ka diri kami, engke lamun ěnggeus putus, sarta kasalamětan, diri kami dikabul anu dimaksud, kaluar tina kasusah, leungit geusaning prihatin.

17.Di dinja kami tumiba, pěrtulungan ka Manetja Manetji, nuduhkeun Rohong djeung Burus, ari waktu ieu mah, asa moal kami teh kana ngagugu, nadjan keukeuh nadjan maksa, anggur maneh ditampiling.

18.Manetji sarěng Manetja, njěmbah sudjud ka eta Ratu Putri, réuwas sieun těrus běndu, abdi sadaja-daja, kuma' kěrsa gamparan anu saestu, abdi sumědja ngiringan, mung supados dipiasih.

19.Saur Sang Ratna Suminar, kudu kitu ari ěnja mah tigin, ka anu rek dipimaksud, supajana laksana, ngan pamenta kudu mitjeun laku alur, kawantu adat siluman, salaman-sulumun ngintip.

20.Pramanik imut ngandika, aji haju urang arindit deui, gantjangna anu ditjatur, para Putri djalěngkar, Nji Manetja Manetji ngiring ti pungkur, angkat di si Awat², nilar Kali Lari-buri.

21.Tětělar ku matak kělar, sakuriling tek aja aling², těbeh kidul leuweung liwung, sampalan beulah wetan, pangawatan kaler hunjur nu laluhur, ti kulon tanah sampalan, paranti brahala ulin.

22.Sato² sadajana, sami sěmu těrang ka para Putri, nudju ngandung manah ngungun, tandana kanjataan, para Putri luhung paněmuna mandjur, sato katarik maunat, sami² ngiring sedih.

23.Sawareh nu ngabubungah, mun surili lir ngigěl ulěr kili, tikukur lir těmbang pangkur, monjet² ngarudat, bangkong bangbung patembalan lagu ringkung, simeut² salamětan, anis anu rara tangis.

24.Djingdjing-teureup tandak djungdjang, lamun heulang ngalingling lir nu njuling, manuk apung lir njělěmpung, kadantja kaja dangsa, lutung²